Hanjakal mah datangna tara ti awal,
tapi pandeuri kadang sok bari mawa kanyeri.
Allah maparin ampunan ka sing saha
wae jalmi anu tobat.
Mung jalmi nu gagaduhan takwa sareng
iman, nu bakal kenging barokah sareng magfiroh ti Gusti Nu Mahasuci.
Sirik pidik jail kaniaya, paripolah
nu kedah ditebihan ku urang. Kajabi diwagel ku agama, sikep modél kitu téh teu
ngntungkeun malih ngarugelkeun.
Mun dinten ieu urang kénging
katugenah, percanten ka Alloh mugi énjing urang kénging kabungah.
Urang ti suksruk ti dungdung sibuk
neangan dunya nepi kapoho keur pibeukeulan urang hirup di kalanggengan. Urang
hirup di dunya moal lana.
Kade jaga eta letah, sabab mindeng
mawa salah, seukeutna leuwih ti pedang, raheutna matak gudawang.
Naha ari tos diijabah sapaneja do'ana sok hilap kana syukuran ka Allah SWT.
Jalmi seuseurna upami nuju nampi
kabagjaan sok hilap kanu masihanna.
Sok sanajan mung sakedik, pasihkeun
wé naon nu ku urang tiasa dipasihkeun. Upami éta aya mangpaatna kanggo jalmi
sanés.
Mung ka Alloh SWT urang neda
pangampura tina sagala dosa nu karasa sareng nu teu karasa.
Tinimbang seueur ngangluh teu puguh
mah langkung saé ngaraketkeun diri ka Alloh geusan miharep pitulung sareng karidoanaNa...
Mumpung urang masih aya di alam
dunya, jieun kahadean saloba-lobana.
Jadikeun diri urang anu manfaat boh keur
diri sorangan boh keur batur.
Alloh moal ngantep umatna nandangan
kanyeri. Anjeunna ngagaduhan landong sagala kanyeri lahir binarung batin.
Urang kudu pangger dina kaihlasan
jeung urang kudu yakin teu samata-mata Alloh nibankeun hiji cocoba mun taya
hikmahna.
Sakumaha beuratna hirup urang, urang
ulah mopo di tengah jalan.
Jalmi seuseurna upami nuju nampi
kabagjaan sok hilap kanu masihanna.
Ulah seuri pédah eukeur nanjak
sabab tangtu bakal mudun, ulah adigung pédah urang keur jaya, sabab jelema mah
aya sialna.
·
Teu salawasna jalan hirup urang aya
dinu datar, tangtu bakal pinanggih pudunan jeung tanjakan. Kudu dilakonan
sakumaha kaayaanna.
·
Urang kudu sabar dina keur kurang,
tong adigung dina keur beunghar.
·
Urang leuwih babari dina ngalakonan
hirup, mun urang narima naon nu dipasihan Alloh, tibatan terus ngarasula kana
nasib urang...
·
Kadang urang babagi téh lain pédah
urang boga loba, tp urang geus ngarasakeun kumaha rasana mun teu boga.
·
Lamun urang terus ngarasula kana
rejeki nu ditarima, salilana hirup urang moal ngarasa cukup.
·
Saenyana pngutamana usaha nyaéta
usaha ku leungeun srangan,jeung ari kdaharan anu pngalusna nyaéta,kdaharan anu
meunang hsil usaha sorangan.
·
Mun hareupeun urang ngomongna hadé,
tp tukangeun mah sok ngaléléwé. Anu kitu mah tong dijadikeun sobat, sabab
mindeng ngahianat.
·
Eling-eling dulur kuring, sing bisa
ngaping ngajaring, sangkan urang tetep eling, ka Alloh Nu Maha Wening.
·
Taya daya, taya kakuatan, anging
kalayan widi Mantenna Alloh Nu Maha Agung.
·
Tangtos Alloh nalingalikeun naon anu
ku urang pidamel, kumargi kitu urang kedah isin pami urang badé midamel dosa.
·
Sobat nu bener-bener sobat mah
katempo waktu urang keur susah...
·
"Teu aya deui Pangéran anging
Salira Gusti, Maha Suci Gusti, saéstuna jisim abdi kalebet ti golongan anu
zalim"
·
Hiji hal anu teu acan urang pidamel,
katingalina mustahil. Urang nembé yakin saatos urang tiasa ngalampahkeunna
kalayan hasil nu saé.
·
Hayu urang tingkatkeun kualitas iman
sareng takwa urang, margi iman sareng takwa téh pangsaé-saéna bekel kanggo
urang mulang ka ahérat.
·
Manusa mah mung tiasa ngadu'a sareng
ihtiar, sadayana Alloh nu kawasa.
·
Alloh tangtos ngabales kasaéan
urang. Janten tong ngaraos rugi upami urang babagi ka sasama.
·
Kanyaahna nu jadi indung tara lipur
ku waktu, tara pernah laas ku mangsa..
·
Euweuh gunana urang ngarasula.
Percumah urang nyalahkeun batur. Hirup urang mah tanggung jawab urang. Hirup
kudu terus dilakonan.
·
Namung henteu saban jalma dina
nyanghareupan ujian éta bisa lulus, gumantung kana mampuh jeung henteuna
nyanghareupan éta ujian.
·
Musibah kahirupan jeung bencana alam
éta bisa jadi adzab pikeun jalma anu kupur, tapi jadi ujian pikeun jalma anu
ariman.
·
Laku-lampah jelema nu hadé wajib ku
urang ditiru, tapi laku-lampah jelema nu goréng matak mawa goréng ka saréréa...
·
Mun urang boga dosa ka nu Maha
Kawasa, geuwat geura tobat. Mun urang boga dosa ka sasama, geuwat geura ménta
hampura.
·
Raheut di awak urang bisa gancang
cageur, tapi raheut na haté teu bisa cageur dina itungan poé, ngan KAIHLASAN nu
bisa nyageurkeunana..
·
Saestuna Sholat abdi, ibadah abdi,
hirup abdi oge maot abdi eta sadaya kagungan Allah Pangeran sadaya alam.
·
Moal aya jalmi anu salamet dina
enggoning nampi ujian sareng dodoja ti Alloh, salian ti jalmi anu teguh iman
sareng sampurna takwana...
·
Upami hiji jalmi nyeueurkeun sareng
ngabiasakeun midamel kasaéan, mangka mingkin kabuka panto-panto kasaéan nu
sanés.
·
Musibah nu tumiba ka urang sadaya,
éta teh panginten kanyaah ti Alloh. Sok sanajan karaosna nyeriii..
·
Omongan urang nu samanéa bisa jadi
sumber pacékcokan. Sing asak pikir mun rék ngomong!
·
TAKWA téh nyaéta pangsaé-saéna bekel
urang, jaga mun urang mulang...
·
Urang kedah pasrah sareng rido naon
anu tos tumiba ka diri urang. Kumargi hirup sareng pati Allah nu nangtoskeun..
Allah mikacinta ka jalmi nu getol
ihtiar. Allah ge mikanya'ah ka jalmi nu lèkèt kana ibadahna.
Saenyana Maha Suci Gusti Alloh,dina
panangan Anjeunna kakawasaan kana sagala2na; jeung ngan ka Anjeunna mranéh
bakal dipulangkeun.Yasin:83
Cocoba téh hiji ujian nu kudu dtampa
klayan sadrah,ikhlas,urng kedah yakin, yén Alloh baris nggentosan ku mangrupa
rahmat sreng kani’matan.
Ihtiar jeng ngadu’a supados sagala
urusan urang tinekanan. Pasrahkeun ka nu Kawasa.
Rejeki ti Alloh teu tiasa diétang,
panto-panto rejeki kacida seueurna, urang kedah milari konci kanggo
mukakeunna..
Dunya téh tempat urang nyimpang nu
di jerona loba réka perdaya nepi ka loba jalma nu poho kana tujuan nu
sabenerna.
Alhamdulillah nun Gusti abdi masih
dipaparin hidayah kanggo midamel kasaéan nulungan sasama.
Naon anu dipiboga ku urang ayeuna,
ngan sakadar titipan. Awal ahir bakal balik deui kanu kagungannana.
Alloh tngtos maparin berkah kana
rejeki urang,upami urng ngengingkeunna didasarkeun ku kaimanan sreng katakwaan
yen rejeki teh leres2 halal.
Panangan nu maparin langkung sae
tibatan panangan nu namprak...
Ari ciri jalma anu munafik teh aya
tilu, upama nyarita manehna bohong, upama janji manehna mungkir, sareng upami
diamanatan manehna sulaya.
Iman sareng amal soléh anu subur
dina diri hiji jalmi, baris ngadongkapkeun rohmat atawa kahéman ti Alloh.
Kamulyaan hiji jalmi téh teu
ditangtoskeun ku jumlah harta bandana tapi ditangtoskeun ku katakwaanana ka
Alloh Swt...
Unggal jalmi tangtos kantos midamel
kalepatan, namung sakedik anu ngangken kana kalepatanna.
Jalma nu hadé téh lain jalma nu teu
boga dosa, tapi jalma nu hadé téh jalma nu gancang tobat tina laku lampah
dosana.
Mun
urang teras ngémutkeun naon nu tos kalangkung, urang moal ningali naon nu aya
dipayuneun urang…
Laku lampah urang nu saé atanapi nu
awon tangtos aya balesanna ti Alloh.Tong lirén urang midamel kasaéan. Amal mah
moal paliron.
Cobaan nu tumiba ka diri urng
hakékatna mah hadé pikeun urng,nyaéta pikeun nyampurnakeun iman urng jeung
nyaketkeun diri urng ka Alloh.
Hiji jalma meunang hidayah kusabab
pageuh muntangna ka Alloh Swt.
Urang tong miwarang hiji kasaéan,
namung urang nyalira henteu ngamalkeunna.
Jalma nu TAKABUR nyaeta jalma nu
nolak bebeneran, ngahina manusa jeung ngarasa dirina leuwih hadé tinimbang
kalolobaan mahluk Alloh Swt.
Pikeun jalma mu’min kudu éling kanu
Maha Agung, neda kanu Maha Kawasa, sangkan hirup teu ka bawa kusakaba-kaba.
Ulah ngajak batur sangkan beresih
ari diri sorangan lamokot ku kokotor...
Ulah nalangsa mun keur sangsara Ulah
balaga mun keur loba harta
Tong hade dihareupeun, tapi
ngagogoreng mun ditukangeun...
Sadaya amal kasaéan urang upami
disarengan ku RIYA, tangtos ical éta kasaéan téh.
Tos sakedahna urang sadayana
nyukuran kana pirang pirang kanikmatan ti gusti anu maha loma tur mikanyaah...
Mun urang sabar mayunan dodoja,
tangtos dipikaasih ku nu kawasa.
Langkung saé masihan tinimbang
dipasihan…
Mun urang keur boga, loba batur,
loba baraya, loba nu loma. Teu cara keur susah, sobat ngejat, dulur lumpat..
Papait nu kapungkur,tunggara nu
mangkukna,kasedih nu kamari,tong diémut2 deui.Tos waktosna nyampeur kabagja,tos
wayahna ninggali kapayun…
Sadaya aktifitas urang, ku urang kedah
diluyukeun sareng katangtosan Alloh...
Urang moal milampah ma’siat mun
urang wanoh sareng Alloh. Saleresna anu janten sumber dosa téh urang teu wanoh
sareng Anjeunna….
Sgala ni’mat nu dtarima ku urng sdya
asalna ti Alloh,slajengna wktos dtibanan kamadharatan,mung ka Anjeunna urng
pnunuhun pitulung.
Kahirupan téh anugerah anu utama ti
Alloh nu maha kawasa.
Hate manusa téh ibarat bénténg, ari
sétan téh musuh nu salawasna ngadodoho pikeun ngawasa bénténg éta..
·
Sabar anu sampurna nyaeta sabar anu
henteu nembongkeun sikep luh-lah sareng ngarasula.
·
Ageung alit rejeki nu katampi dinten
itu, tong hilap urang kedah ngucap sukur….
·
Upami urang nebihan masalah, tiasa
janten malih nambahin masalah …
·
Abdi nyanggakeun sadaya dosa nu tos
dipilampah. Mung hiji anu ku abdi dianti-anti pangampunan ti Anjeun.
·
Mun urang hoyong hasil dina hiji
hal, urang kedah nyonto ka jalmi nu tos hasil sateuacanna....
·
Pangalaman hirup urang tiasa maparin
palajaran pikeun urang…
·
Langkung sae milari jalan kanggo
mereskeun masalah urang tibatan nyamikeun sareng masalah batur. Unggal jalmi
gaduh masalah sewang2.
·
Mung ka Alloh abdi wantun ngbagi
rasa,nembrakkeun kanyeri sabab Anjeunna nu langkung surti sareng mung Anjeunna nu
tiasa ngalandongan kanyeri.
·
Musibah nu tumiba ka diri urang, eta
teh sadayana kersaning Alloh. Candak hikmahna. Mugi2 urang sing kiat dina
mayunanna.
·
Sikep jalma Mu'min, dina masalah
ngado'a sakuduna dilakukeun nalika keur susah atawa keur bungah.
·
Urang hirup didunya téh moal lana,
tong sok adigung kabina-bina..
·
Masalah teh sakapeng janten Musibah.
Urang kedah yakin, tangtos aya Hikmah sareng mugi ngadongkapkeun Berkah.
·
Kudu ngucap sukur
dina mangsa urang keur susah. Di mangsa éta urang bisa kuat….
·
Urang tong hariwang,
upami Alloh maparin kasedihan ka urang tangtos aya kabagjaan saatosna...
·
Salami urang tiasa
babagi ka sasama. Tong liren urang babagi. Panginten tidinya ayana rejeki nu
ageung teh.
·
Ari nu namina sobat
mah moal ninggalkeun urang, mun urang keur susah..
·
Seueur jalmi nu
cilaka lantaran tina cariosanna. Nyarios teu di émut heula, tangtos hanjakal
ahirna.
·
Sadaya pépéling ti
anjeunna teh nyaéta du'a sareng mangrupa kanyaah ka pala putrana...
·
Disiplin teh jalan nu
ngahubungkeun urang jeung KASUKSESAN.
·
Waktos urang
ngarandapan musibah, urang kedah yakin yén tangtos aya kabagjaan nu ngantosan
urang.
·
Kaimanan téh jadi
poko utama dina ngajalankeun ibadah. Mun euweuh iman, ibadah urang jadi
sia-sia.
·
Sadaya nu aya tur
dipimilik ku diri urang téh, sadayana éstu titipan ti Gusti Nu Mahasuci.
·
Upami urang gaduh
kasabaran nu ageung, tangtos urang tiasa mayunan cocobi nu sakumaha beratna.
Mugia…
·
Jalmi nu ihlas tiasa
mayunan sagala rupi ujian kahirupan kalayan énténg. Sanes anjeunna kiat, namung
Alloh nyarengan lengkah jalmi nu ihlas.
·
ANJEUNNA aya, sanés
waktos urang nuju ngadu'a. ANJEUNNA aya dina unggal waktos, unggal kaayaan,
unggal tempat. ANJEUNNA nu nyarengan urang.
·
Teu salamina urang
ngéngingkeun naon nu dipikahoyong, kukituna urang kedah diajar nampi naon anu
tos janten milik urang.
·
Wktos urang putus
asa, pikirin urang katutup teu ningali yén seueur pisan jalan kaluar pikeun
masalah urang.Padahal mah aya Alloh nyarengan.
·
Ihlas téh sesah,
namung upami urang teu ihlas langkung sesah deui..
·
Amal urang nu alit nu
dipinuhan ku kaihlasan tiasa ngéléhkeun amal nu ageung tapi bari teu disarengan
ku kaihlasan.
·
Jalmi nu ihlas mah
tara kantos aral subaha, anjeunna nampi naon-naon anu dipaparin nu Maha Kawasa.
·
Kabagjaan téh nyaéta,
urang tiasa nulungan batur sanajan urang nyalira nuju kakirangan…
·
Mugi-mugi urang
kalebet golongan anu lulus tina ujian Alloh swt.Tur urang tiasa salamet tina
ujian nu tos ditangtoskeun ku Alloh ka urang.
·
Ngado'a sakuduna
dilakukeun nalika keur susah atawa keur bungah. Sakumaha dawuhan Rosululloh
Saw."Do'a téh minangka sungsumna ibadah".
·
Mun jalma geus teu
bisa ngajaga létahna, hartina kaimananna geus leungit.
·
Saenya-enyana Allah
baris marengan jalma-jalma nu milampah kahadéan...
·
Ngajagi sareng
nyimpen rusiah, nyumponan amanat, ngajagi lambey tina cariosan awon, eta teh
kalebet sabar.
·
Mangsa nu geus
kaliwat tong dipopohokeun, tapi jadikeun palajaran pikeun nyorang pikahareupeun
nu leuwih endah.
Langkung saé upami urang midamel kasaéan teu aya nu ningali, supados ngalatih diri urang pikeun ihlas…
Mangkin seueur urang tiasa ngabantu sasama, mangkin gampil urang pikeun ngarasakeun kabagjaan..
Ageung alit rejeki nu katampi dinten ieu, urang kedah seueur ngucap sukur... Alhamdulillah…
Dua lampah awon anu kontan ditibanan hukuman ku Alloh jeung ditingalikeun di dunya, jinah jeung jolédar ka sepuh.
Kabagjaan téh sanés mung seueurna harta. Kabagjaan téh ayana dina haté urang nu teu weléh ngucap sukur naon nu dipaparinanNa.
Mangkin seueur urang tiasa ngabantu sasama, mangkin gampil urang pikeun ngarasakeun kabagjaan..
Ageung alit rejeki nu katampi dinten ieu, urang kedah seueur ngucap sukur... Alhamdulillah…
Dua lampah awon anu kontan ditibanan hukuman ku Alloh jeung ditingalikeun di dunya, jinah jeung jolédar ka sepuh.
Kabagjaan téh sanés mung seueurna harta. Kabagjaan téh ayana dina haté urang nu teu weléh ngucap sukur naon nu dipaparinanNa.
haturnuhun kanggen piwurukna
BalasHapusmasya allah,. sae pisan
BalasHapushaturnuhun
jazaakumullah