AL-HAMDULILLAH sagala puji sareng syukur urang sanggakeun ka Alloh
Robbun Ghofur. Urang parantos dipaparin kani’matan hirup dugika urang
tiasa nyumponan sawaréh tina kawajiban urang ka Alloh, sabab henteu
saban jalma anu dipaparin kaséhatan awak bisa ngaléngkahkeun sukuna ka
masjid.
Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun ka junjunan urang
Nabi Muhammad SAW, kulawargana, para sahabatna katut jalma-jalma anu
nuturkeun sunnahna dugika ahir jaman.
Hadirin Rohimakumulloh!
Alloh SWT dina surat al-Baqoroh ayat 214, nalék ka urang ku hiji patalékan anu sipatna lenyepaneun:
“Naha maranéh nyangka yén maranéh bakal asup ka sawarga,
padahal tacan tumiba ka maranéh kajadian nu kungsi karandapan ku
jalma-jalma saheulaeun maranéh, maranéhna ngarandapan kasusah hirup anu
aya pakaitna jeung kahirupan ékonomi, jeung kasangsaraan anu aya
pakaitna jeung diri katut kulawarga jeung maranéhna digénjlongkeun ku
cobaan bencana alam, nepika Rosul nu kuat imanna katut jalma-jalma anu
ariman nyarita, “Iraha atuh dongkapna pitulung Alloh téh?” “Sing inget
saenyana pitulung Alloh téh deukeut”.
Urang bisa ngarasakeun pait jeung peuheurna kahirupan, pating
térékélna hahargaan, héséna néangan kasab, jalma anu miskin mah dipahing
pisan gering sabab hamo bisa meuli obat, panon poé geus leungiteun
barokah nepika tibeurang éréng-éréngan ogé lampu motor kudu
dihurungkeun, kamana sora wakil rahayat, nu cenah mah rék buméla ka
rahayat.
Anu puguh mah nalika rahayat ngababatang di Mentawai jeung di Jogja
ngarandapan musibah Tsunami jeung gunung bitu, henteu pamingpinna,
henteu susulurna kalahka nganjang ka nagara deungeun jeung pelesiran
nyacapkeun napsu amengna.
Musibah kahirupan jeung bencana alam éta bisa jadi adzab pikeun jalma
anu kupur, tapi jadi ujian pikeun jalma anu ariman. Namung henteu saban
jalma anu ujian éta bisa lulus, gumantung kana mampuh jeung henteuna
nyanghareupan éta ujian.
Hadirin Rohimakumulloh!
Sangkan lulus dina nyanghareupan ujian-ujian ti Alloh éta, nya aya dua syarat anu ku urang kudu dicumponan.
Kahiji, boga méntal munfiqin. Méntal munfiqin téh baris
ngabuah kamandirian dina hirup jeung kahirupan. Para sahabat nalék ka
Rosululloh SAW ngeunaan naon-naon anu kudu dinapakahkeun jeung kudu ka
saha méré napakahna. Saperti anu dijelaskeun dina ayat saterusna:
“Maranéhna bakal naranya ka hidep, naon anu kudu dinapakahkeun
ku maranéhna. Pok jawab, yén saniskara kahadéan anu diinfakkeun ku
maranéh téh keur indung bapa katut dulur-dulur nu landes, keur barudak
yatim, keur jalma-jalma miskin, jeung keur jalma anu katalangsara di
panyabaan. Jeung kana saniskara kahadéan anu dipilampah ku maranéh
tangtos Alloh uningaeun.” (QS. 2 : 215)
Hadirin Rohimakumulloh!
Suksés jeung henteu suksésna hirup hiji jalma gumantung kana hadé
jeung goréngna ka anu jadi kolot kaasup ka nu jadi guru nu geus méré
pangarti jeung élmu panemu katut akhlak. Dina hiji hadits Rosululloh SAW
ngadawuh:
“Di antara dosa-dosa badag téh nyaéta nyarékan indung bapa
sorangan, para sahabat ngarasa héran, sabab aya jalma anu wani nyarékan
nu jadi kolot pituin nepika nalék, “Saha nu boga peta kitu téh ya
Rosul?” Rosul ngawaler: “Lamun maranéh nyarékan kolot batur,
nya anu kitu téh sarua jeung nyarékan kolot sorangan. Lamun maranéh
mihéman ka nu jadi kolot batur, éta sarua jeung mihéman ka nu jadi kolot
sorangan”.
Nalika urang infak, zakat atawa sidkah séjénna, pasti Alloh nu baris
maparin kabagjaan nu sajati, du’a ti sasama jeung jaminan moal pinanggih
jeung kasangsaraan nalika madep ka Alloh SWT.
Inti tina ékah jeung nyukur rambut orok dina poé katujuh kalahiran
éta hakékatna mah ngalatih anak nu kakara lahir sangkan boga jiwa
munfiqin. Kumargi kitu biasakeun nu jadi anak téh ngeusian kéncléng boh
di pangajian atawa di waktu juma’ahan saperti kiwari.
Hadirin Rohimakumulloh!
Lamun téa mah aya aki atawa ninina nu nganjang ka imah, poma anak téh
ulah dilatih jadi préman, punta-pénta ka nu jadi nini atawa akina.
Sabab lamun nu jadi budak geus dibiasakeun punta-pénta, nya ka saban
jalma anu nganjang ka imah téh bakal dipéntaan duit.
Jeung lamun nu jadi anak jadi pajabat, nya geus pasti bakal jadi
jajaluk, sok punta-pénta, boh di jalanan atawa di kantoran. Bédana
préman jeung pajabat téh ukur saeutik. Pajabat mah upama ménta sok maké
SK, ari préman mah maké urat jeung otot.
Hadirin Rohimakumulloh!
Anu kadua nyaéta ngawangun pola pikir anu positif. Dawuh Alloh dina ayat saterusna, nyaéta ayat 216, Alloh ngadawuh:
“Geus diwajibkeun ka maranéh perang, sanajan peperangan téh
dipikaceuceub ku maranéh. Bisa jadi perkara anu dipikaceuceub ku maranéh
téh kacida hadéna pikeun maranéh, jeung bisa jadi perkara anu
dipikaresep ku maranéh kacida pisan goréngna pikeun maranéh. Alloh
uninga, sedengkeun maranéh mah henteu nyaho nanaon”.
Perang ngalawan musuh éta hiji kawajiban nu kacida dipikaceuceub,
sabab risiko tina perang mah saukur dua kamungkinan, maot atawa tatu
saumur hirup. Tapi sing inget ku alatan perang ieu kahirupan bakal aman,
moal aya nu ngajajah. Perang jaman kiwari mah geus tangtu lain ngusir
penjajah tapi ngusir panyakit kedul, jorok, korét, borangan jeung
panyakit-panyakit séjénna nu ngancik dina diri urang.
Hadirin Rohimakumulloh!
Urang kana sagala rupa katangtuan jeung kawajiban ti Alloh téh kudu
boga sikep positip. Nalika urang gering, datang ka dokter disuntik tuluy
balikna dibahanan obat nu sarwa pait jeung teu aya nu ngeunah bari kudu
mayar dokter. Sok sanajan éta obat téh parait, tapi ku urang teu wudu
diinum, sabab urang hayang cageur. Urang percaya yén dokter téh méré
obat nu bisa nyageurkeun kasakit urang. Tapi naha ari ka Alloh nu
maparin kahirupan urang samasakali henteu percaya?
Sholat, shaum, zakat jeung qurban katut ibadah-ibadah séjénna éta
karasa pait, nepika datang ka masjid nalika juma’ahan ogé sok elat jeung
pangtukangna waé. Béda jeung datang ka ondangan atawa ka tempat
hiburan, sok sanajan kudu mayar, urang teu weléh datang jeung sok
pangheulana.
Musibah nu ku urang sadaya karandapan kiwari éta bisa jadi kanyaah
Alloh sok sanajan karasana pait. Urang terus-terusan ngadu’a sangkan
jadi jalma anu beunghar tapi angger miskin, éta ogé bisa jadi kanyaah ti
Alloh, sabab upama urang jadi jalma anu beunghar urang bisa jadi teu
wawuh jeung masjid atawa jalma-jalma anu katalangsara.
Barokallohu lî walakum fil Qurânil azhîm, innahû huwal ghofûrurrohîm.
Hadirin Rohimakumulloh!
Dina khutbah nu kadua ieu sim kuring henteu petot-petot pikeun
ngajak, hususna ka diri khotib umumna ka jama’ah sakumna sangkan terus
ngaronjatkeun iman jeung takwa sabab éta mangrupakeun bekel anu utama
nalika madep ka Alloh Anu Maha Wijaksana. Bulan Muharram, bulan kahiji
dina bulan Islam, hayu urang jadikeun titik panginditan pikeun
ngaronjatkeun élmu, iman jeung amal.
Pamungkas tina khutbah nu ayeuna, tiasa dicindekeun, yén sakabéh
hirup urang téh éta ibadah, jeung urang sadaya kudu sadar yén urang téh
keur diuji pikeun ngaronjatkeun martabat hirup jeung kahirupan urang
sadaya.
Sangkan lulus dina ujian, nya urang kudu tatahar. Sakabéh aktifitas
urang, ku urang kudu diluyukeun jeung katangtuan Alloh sok sanajan
karasana pait. ***
Sumber : Binadakwah.wordpress
Tidak ada komentar:
Posting Komentar