Jalma nu soléh sok loba ngucap syukur lamun narima kanikmatan, sabar sarta tawakal lamun narima dodoja.
Lamun urang agul ku kahadéan jeung jasa urang ka batur, éta téh bisa ngaleungitkeun pahala urang.
Teu aya nu mustahil, lamun Gusti ngawidian.
Sabenerna hirup téh éndah, mun urang teu ngajadikeunna "juwet".
Dihareupeun batur, urang tong nyirikeun keur susah, sabab euweuh gunana. Pasrahkeun we ka Allah. Mung Anjeunna nu nulungan urang.
Naon dipasihan ku Gusti, mangrupa kabagjaan atawa kasusah, pasti aya hikmahna tina kajadian éta,
Tong ngahina waé ka batur téh, saha nu nyaho hiji poé, manéhna nu nulungan urang.
Ceunah, jelema nu sok ngabohong teu percaya ka sasaha, kaasup ka dirina sorangan.
Urang ngamimitian poe ieu kalayan sumanget nu anyar, ngarah leuwih hadé ti poé kamari.
Waktu nu pangbagja-bagjana pikeun diri urang, nyaéta waktu urang bisa nganggeuskeun sakabéh tanggung jawab urang euweuh nu ditunda-tunda.
Dina kaayaan sakumaha héséna hirup urang, urang tong nyalahkeun batur.
Sanajan jalan nu disorang loba halangan, tapi mun tékad jeung iman urang kuat pasti naon nu jadi cita-cita urang dikobul ku Alloh. Aamiin.
Hiji masalah moal bisa dibéréskeun, mun urangna masih silih salahkeun.
Poé ieu urang leuwih sukses tibatan kamari, mun urang ngamimitianna ku ngadoa ka Alloh, jeung urangna kudu "optimis".
Alloh pasti maparin pitunjuk jeung pitulung ka urang, cacak urang remen mopohokeun Anjeunna. Alloh mah maha pangampun jeung maha welas asih.
Urang tong ngantep masalah tepi ka numpuk, tungtungna hésé manggih jalan kaluarna.
Hirup urang téh sakapeung susah, tapi sakumaha susahna hirup, urang kudu tetep ngajalankeunna.
Urang tong manghariwangkeun hirup kaleuleuwihan teuing. Pigawé wé nu ku urang anggap hadé jeung bener. Nu penting mah urang aya di jalan Allah.
Saméméh urang ngomongkeun kagoréngan batur, mending urang nempo diri sorangan heula … istilahna mah “instrospeksi diri” .
Urang kudu nohonan jangji, sabab mun urang jalir jangji, kapercayaan batur ka urang jadi leungit, jeung hésé rék dbalikeun deui.
Poé ieu urang nglakukeun kahadéan. Isuk atawa pagéto pasti dipopohokeun btur. Tapi urang mah tong eureun dina ngalakukeun kahadéan téh..
Urang hirup di dunya téh ngan bati ngajalankeun waé, sabab nu ngatur kahirupan urang mah Alloh.
Pasti masalah urang aya jalan kaluarna, ngan urang can manggih jalanna. Lobakeun ngadu’a ka Alloh jeung ihtiar.
Waktu urang nulungan batur, sigana manéhna teu narimakeun kahadéan urang. Urang tong kukulutus. Tah tidinya urang diajar "ihlas"
Mun urang rék ngomong kudu dipikir dibolak balik heula, sabab omongan "pait" urang nu ngan sadetik bisa nanceb na haté saumur hidup.
Tong asa-asa mun rék ngalakukeun kahadéan, kusabab euweuh rugina nyieun kahadéan mah...
Tiap jalma kungsi ngalakukeun kaslahan, tapi nu penting mah urang diajar tina kasalahan urang, ngarah teu ngalakukeun pikeun nu kadua kalina.
Mun urang mindeng babagi ka sasama, hirup urang moal jadi malarat, malah rejeki urang beuki nambahan.
Kadang kasusah téh kudu dirasakeun heula ku urang, saacan kabagjaan nu sabenerna datang.
Loba jalma nu "gagal" kusabab lain kurang kakuatan atawa kurang kanyaho, tapi sigana mah kurang kahayang.
Mun urang loba masalah, urang kudu tetep sabar dina enggoning nyanghareupanna. Gusti mah sok marengan jelema nu sabar.
Alloh nunda jawaban doa urang, sabab Alloh palay uninga tepi kamana kasabaran urang.
Tong peunggas hareupan, kamari urang memang can hasil, tapi hartina lain urang gagal saumur hirup. Poé ieu urang boga kasempatan kadua.
Tong adigung ku harta urang. Mun Gusti ngersakeun, ngan sakiceup harta urang bisa béak.
Mun urang nempo kagoréngan batur, urang jadikeun eunteung ngarah kalakuan urang teu siga manéhna.
Moal aya kaadilan, mun urang leuwih mentingkeun kapentingan pribadi tibatan merhatikeun hukum nu aya.
Ihlas narima kasalahan, terus urang diajar tina kasalahan. Eta téh ngajadikeun urang kuat dina ngalakonan kahirupan
Hayu urang ngalobakeun melak kahadéan, sanajan nu narima kahadéan teu ngabales naon nu dipelak ku urang.
Emosi moal mawa urang ka hiji kaputusan atawa tindakan”positip”. Ku kituna urang kudu tenang heula.
Sabar jeung ihlas téh koncina "sukses".
Hirup mah teu weléh leupas tina masalah, kusabab masalah téh hiji cara ti Alloh ngajadikeun pribadi urang kuat jeung dewasa.
Urang hirup didunya téh kudu loba méré lain loba dibéré. Tah tidinya panto rejeki ayana téh.
Ngucap syukur mun urang meunang kabagjaan, éta mah geus biasa. Tapi ngucap syukur mun urang kena musibah, éta luar biasa.
GAGAL" mah urusan engké. Nu penting mah urang aya kawani pikeun ngalakukeunna.....
Naon nu ku urang kapimilik, urang kudu loba ngucap syukur. Batur mah can tangtu boga siga urang...
Kasusah urang, bakal jadi bener-benar susah mun ku urang terus dipikiran bari jeung teu néangan jalan kaluarna.
Mun aya nu mapatahan ka urang, sabenerna manéhna téh lain pinter. Tapi manéhna téh geus ngalaman.
Tong capé ngalakukeun perkara leutik keur batur, sugan wé perkara leutik téh bisa ngabagjakeun manéhna.
Tantangan nu panggedena téh, lain waktu urang nyanghareupan kasusah. Tapi waktu urang ngalawan pangedulan diri urang sorangan.
Jalan nu panghéséna nyaéeta waktu urang ngalakonanna sorangan. Manusa mah teu bisa hirup sorangan, kudu boga batur.
Waktu urang keur kasusahan, urang kudu yakin tangtu aya karunia ti Alloh ... koncinya.. du'a.. sabar .. jeung ihtiar..
Urang tong nyieun masalah lamun urang embung meunang masalah...
Tong sedih mun urang can hasil poé ieu, urang bisa nyoba deui isukan. Sabab unggal poé urang manggihan tangtangan nu anyar.
Mun dina ngalakonan kahirupan urang teu weléh sabar, Insya Allah dina nyanghareupan ujian nu beurat urang teu gampang takluk.
Poé ieu tangtu leuwih hadé tibatan kamari. Urang kudu kudu yakin, urang pasti bisa... Wilujeung énjing baraya...
Du'a nu pang sampurnana nyaeta du'a nu kaluar tina haté nu bener2 ihlas...
Urang kudu ngucap sukur geus bisa ngaliwatan kasusah, éta téh nu ngajadikeun urang tambah "dewasa"
Gedena "kaihlasan" urang dina ngabantu sasama leuwih gede hartina tibatan gede "sumbanganna" tapi bari euweuh kaihlasan...
Ceunah mun urang hayang naék kelas dina kahirupan ieu, urang kudu siap ngajalankeun ujian kahirupan...
Lamun dina nyanghareupan masalah haté urang tetep tenang jeung urang bener2 sabar tangtu masalah urang moal jadi rumit...
Tiap-tiap jalma boga kahirupan masing-masing. Mun teu dipénta, urang tong hayang pipilueun kana urusan batur. Uruskeun wé hirup urang sorangan...
Sok mun rék ngomongkeun urang naon waé. Tapi saha nu nyaho diri urang sabenerna, sarta kumaha hirup urang téh. Apan ngan urang sorangan nu nyaho.
Nu pang bahayana dina ngajalankeun kahirupan ieu, urang sok gampang takluk jeung peunggas harepan.
Kadang kasusah nganteur urang pikeun narima hasil nu leuwih alus tibatan nu urang bayangkeun. Kukituna mun meunang kasusah urang kudu sabar.
Hirup di dunya tangtu aya waé masalahna, tong ngarasa urang pangsusahna, anggur urang ngadua ka Anjeunna, supaya urang kuat nynghareupan ujianna.
Urang tong sieun da urang mah bener. Urang sieun mun urang salah.
Unggal manusa tangtu tambah kolot. Tapi can tangtu tambah "dewasa"
Keur urang senang loba nu marengan. Tapi basa urang susah mah ngan saeutik geuning nu marengan teh.
Tong raribut waé asa pangbenerna. Béda saeutik mah biasa, asal diomongkeun kalawan haté nu tenang. Kacida éndahna mun sauyunan, aman tengtrem.
Urang tong nguar-nguar kagorengan batur kusabab baheula manéhna boga kalakuan nu teu bener. Jalma mah tangtu aya kasalahanna. Urang gé can tangtu bener.
Teu aya nu terang naon nu bakal kaalaman ku urang isuk atawa pagéto, éta mah rasiah Anjeunna. Nu penting mah urang aya dina jalan Anjeunna.
Abdi mapatahan anjeun téh sanés abdi langkung pinter, tapi abdi kantos ngalaman kapeurih sapertos anjeun...
Haté urang tong diisi ku kasedih, ceuceub sarta dengdam. Kubur kajantenan nu tos kalangkung. Urang mapay kahirupan kalayan hate nu bersih.
Di jaman kiwari mah, sigana rada sesah mendakan nu namina "kajujuran"...
Tong sedih mun kahadéan urang teu dihargaan, sabab urang mah mung milari rido Allah...
Lamun urang meunang masalah atawa kasusah, mung ka ALLAH urang masrahkeun sakabeh urusan. Insya Allah aya jalan...
Euweuh nu ngaranna SUKSES, mun teu dibarengan ku kasabaran, doa jeung ihtiar.
Urang kudu diajar siga budak. Manehna babari ngahmpura babaturanna, padahal cikénéh gelut. Teu lila geus babarengan ulin suka bungah, euweuh dengdam..
Mugi Allah maparin abdi hikmah kanggo masalah abdi. Mugi Allah maparin kakiatan kanggo léngkah abdi. Sareng mugi abdi aya di jalan ANJEUN. Aamiin
Urang tong ningali saha nu nyarios, tapi dangukeun naon nu dicarioskeun.
Hayu urang "koreksi" diri urang sorangan, saacan ngomongkeun kasalahan batur!
Urang tong mindeng niténan kasalahan batur. Barina oge moal ngajadikeun urang leuwih hadé. Robah geura kalakuan urang supaya leuwih hadé.
Naon nu dilakukeun urang tangtuna pikeun kabagjaan urang sorangan. Urang tong ngusahakeun kabagjaan keur batur tapi hate urang sorangan raheut.
Urang tong ngalakukeun kahadéan kusabab hayang kapuji. Lakukeun wé kalayan ihlas.
Urang ngajalankeun kahirupan téh, lain pikeun urusan dunya wae tapi ogé ahirat.
Jalma nu sarakah mah tetep ngangluh sanajan hirupna geus senang ogé. Tapi jalma nu sok nyukurkeun tetep gumbira sanajan keur loba kasusah.
SUKSES moal nyampeurkeun ka jalma nu kedul bari ngan nungguan kasempatan datang. Tapi SUKSES bakal nyampeurkeun ka jalma nu rajin ngadoa jeung ihtiar.
Mun aya masalah leuwih hadé diomongkeun, béda saeutik mah biasa. Nu penting urang ngabéréskeunna kalayan haté nu tenang.
Sadaya sepuh tangtos mangupayakeun nu pangsaeéna kanggo kabagjaan palaputrana.
Urang kudu diajar ngucap syukur kana kaayaan urang, sanajan teu saluyu jeung naon nu dipikahayang.
Kadang urang teu sadar, nyatana tina perkara nu saderhana urang meunang kabagjaan téh.
Ngalakukeun kahadéan téh lain ngan sauukur urang bisa méré kanu butuh, tapi ogé urangna kudu ihlas.
Aya bodas aya hideung, aya beurang aya peuting. Eta téh hartina hirup urang gé aya susah aya senangna.
Bagja jeung cilaka téh takdir Allah, urang kudu pasrah jeung narimakeun naon nu dipaparin Anjeunna sarta sabar dina ngalakonnana.
Mun urang ihlas, tangtos Alloh maparin nu langkung saé.
Mindeng urang ngomongkeun kakurangan batur, tapi teu mikir pikeun ngomongkeun kakurangan urang sorangan.
Mun urang nempo sakuriling urang, geuning loba jalma nu hirupna leuwih susah ti urang, ku kituna urang kudu loba ngucap ALHAMDULILLAH.
Tong sedih mun urang teu dihargaan, tapi urang kudu sedih mun diri urang geus euweuh hargana.
Ngamimitian poe ieu ku pkiran nu "positip" pikeun ngawujudkeun cita-cita urang. Urang kudu yakin pasti bisa.
Ni'mat ti Anjeunna mah teu kantos
ngirangan, mung urangna wé nu kirang nyukurkeun.
Urang moal meunang kabagjaan, mun
urang sorangan teu sabar dina nyanghareupan kasusahan.
Urang kedah diajar SATIA ti jalmi nu
tos hianat ka urang..
Lamun urang percanten yén rijki
diatur ku Alloh, mangka urang teu kedah seueur kahariwang dina mayunan sesahna
kahirupan.
Tong ngalakukan pagawéan
pedah kapaksa. Mun datangna teu tina kahayang urang sorangan hasilna sok kurang
nyugemakeun.
Urang tong horéam
ngadu'a. Alloh mah tangtos bungah ngadangu umatna nyungkeun ka Anjeunna.
Sakabéh
jalma nu geus sukses kungsi gagal heula, tapi manéhna
teu gampang takluk...
Indung mah tara capé,
tara bosen ngadu'akeun pikeun kabagjaan anakna unggal waktu...
Waktos kaayaan poék
tangtos aya nu nyaangan. Waktos kénging masalah tangtos aya jalan. Waktos
urang ngadu'a tangtos aya harepan.
Sanaos urang nembé
niat badé
ngalakukeun kajahatan, tangtos Alloh mah tos ngétang
dosa urang.
Dina tiap léngkah
urang, urang kedah émut ka Anjeunna. Anjeunna mah teu
kantos ngantep urang, sanaos urang sering hilap ka Anjeunna.
Seueur masalah dina kahirupan urang
nu katingalina sesah, padahal mah teu pira. Urang na wé
sok kaleuleuwihan mayunanna.
Ka Anjeun abdi sujud, sanes badé
nyuhungkeun atanapi badé ngaasula, mung sakadar ngucap sukur
kanggo sagala karunia nu atos katampi. Hatur nuhun Gusti.
Hirup ogé
kanggo urang angkat ka kahirupan nu langgeng, mangka urang kedah midamel kasaéan
dina hirup ieu.
Sing sabar dina enggoning ngajalankeun
ikhtiar. Gede jeung leutik hasil anu ku urang katarima, Tarimakeun kalayan pinuh
ku rasa sukur kanu Maha Agung
Saleresna Alloh tangtos ngadangu
du'a-du'a urang. Mung urang na wé nu kirang sabar.
Jeung sasama kudu silih mikahéman.
Ulah culika ka batur bisi tuman. Pinuhan geura haté
urang ku iman. Ngarah hirup urang aya rasa aman.
Waktos urang sesah milari jalan
kaluar kanggo masalah urang, manawi du'a tiasa ngarobah sagalana...
Urang teu kedah nganaha-naha. Sagala
rupi nu tos tumiba. Komo bari jeung aral subaha. Eta téh
kersana nu Kawasa. Urang tampi sadaya takdirNa.
Urang jadikeun ujian ti Alloh
kasempetan urang kanggo ngéngingkeun pahala.
Tong sieun séép
harta urang kusabab ngabantu jalma nu kasusahan, Alloh parantos ngajanjikeun
ganjaran nu ageung pikeun urang…
Percumah méré
loba tapi teu ihlas, lewih mulya mere saeutik tapi ihlas...
Sadaya jalmi tangtos siap nampi
kasuksesan. Tapi teu sadayana siap kanggo mayunan kagagalan…
Piceun sipat sirik na hate urang,
urang kudu nyaho yén tiap manusa geus boga rejekina
masing-masing.
Sakapeng urang teu ngartos naon
rencana Alloh pikeun hirup urang, tangtosna oge sanés
rencana nu awon...
Masalah
urang jadi tambah rumit, mun urang kalahka nyingkahan masalah lain ngabéréskeunna...
Mun urang rek migawé hiji
pagawéan...
Mun urang rék
ngarencanakeun hiji hal.... mimitian ku du'a.....
Sakumaha nyerina pangalaman hirup
urang, tangtu aya palajaran pikeun urang supaya urang tetep kuat dina
ngalakonan hirup.
Tong loba teuing nu dipénta,
sabab kadang urang sok poho naon nu geus dipiboga..
Mun haté
urang bersih, tangtu pikiran jeung ucapan urang gé bersih...
Mun urang can hasil dina ngahontal
hiji pagawéan.
Tong nyalahkeun batur. Anggur urang usaha leuwih getol deui.
Alloh téh
tos seueur maparin kani'matan kanggo urang sadaya. Tapi kunaon seueur kénéh
jalmi anu hilap ka anu tos maparin kani'matan éta?
Urang kudu ihlas ngalakonan hirup
ieu, kusabab tina kaihlasan urang babari napak kahirupan nu loba bulak bélokna...
Urang kudu nghampura jalma nu geus
jahat ka urang, inget2 kalakuanna ka urang. Lain dengdam, tp spy kalakuan urang
tong siga manehna...
Lamun Alloh nyandak nu jadi milik
urang, tangtos Anjeunna parantos nyadiakeun nu langkung sae kanggo urang...
Teu salilana hirup urang senang, teu
salilana ogé
hirup urang susah. Kaayaan éta nu ngajadikeun urang "dewasa"..
Mun urang teu weleh ngucap sukur
kana naon nu jadi milik urang, tangtu urang moal ngarasa kakurangan...
Lamun unggal du'a urang langsung
dikabulkeun, kumaha urang rék diajar IHTIAR...
Tong eureun urang ngadu'a, tong capé
urang nyieun kahadéan. Euweuh du'a nu teu dijawab,
euweuh kahadéan nu sia-sia ☺☺
Hirup urang téh
kadang susah... Tapi urang kudu yakin yén euweuh
kasusahan nu teu manggih jalan kaluarna...
Mun dinten ieu urang gagal, éta
téh
isarah yén
urang kedah nyoba deui énjing... Tetep sumanget...!!
Lain SABAR ngaranna mun masih aya
batasna. Lain IHLAS ngaranna mun urang masih ngarasa sedih...
Dina nyanghareupan hiji masalah,
urang tong maké amarah... Sabab moal aya nu diarah
jeung deui moal nganggeuskeun masalah...
Mun urang
nyeri haté
kusabab omongan hiji jalma. Jadikeun palajaran supaya urang gé kudu ati2 mun rek ngomong tong nepi
nganyerikeun batur.
IHLAS téh
nyaéta
waktu urang nulungan batur, henteu hayang kapuji jeung henteu ngarepkeun
balesan nanaon..
SABAR téh
nyaéta
jalan kaluar pikeun jalma nu keur kasusahan tapi teu manggihan jalan kaluar..
Urang téh
sadulur saagama. Saukur ngingetkeun ka sasama. Hirup di dunya mah moal lana.
Tong nyieun gawé nu euweuh guna...
Kabagjaan téh
ayana na haté urang. Mun haté
urang dipinuhan ku IMAN, Insya Alloh urang bagja dunya ahérat.
Aamiin...
Urang tong miharep bisa aya di
"puncak" sukses, mun urang cicing waé
di handap euweuh kahayang pikeun nérékél...
Sakabéh amal urang sadaya salila
jumeneng di dunya bakal dipénta tanggung jawabna, sabab sagala rupa amal kiwari
éta ngrupakeun tabungan ahérat.
énggalkeun
sedekah, mugi2 waé rejeki ti Alloh ogé énggal dongkapna.. Aamiin..
Upami lepat lereskeun, upami gagal hayu
urang ngawitan deui...
Teu
kedah ngalepatkeun kaayaan, rancana Alloh mah tangtos langkung éndah.
Upami urang gaduh niat nu saé,
tangtos Alloh mah maparin jalan.
Upami urang teu tiasa ngabubungah
hiji jalmi, atuh urang ulah nambihan kasedihna.
Lakonan hirup urang ku kaihlasan
Urang tong nyobaan nyieun kagoréngan. Pinuhan haté urang ku kaimanan Supaya
Pangéran urang nangtayungan
Sedekah
mah tong nempo saeutik lobana, tp kaihlasanna. Sanajan ngan saukur méré sangu
sahuap tp gede mangpaatna pikeun jalma nu kalaparan.
Sakumaha beratna hirup urang ayeuna,
tangtos aya ahirna. Tampi ku haté nu ihlas sareng lakonan pinuh kasabaran.
Unggal jalma tangtu boga salah. Nu
panghadé-hadéna pikeun jalma nu geus nyieun kasalahan téh nyaéta TOBAT.
Kasaéan nu pangmulyana anu kedah
urang énggal pidamel nyaéta du'akeun sepuh urang..
Mun urang masihan piwuruk tong ngan
sauukur ucap. Urang ogé kedah masihan conto ku laku lampah nu saé ...
Lamun waé urang asak pikir saacan
"ngaléngkah" , tangtu moal, aya rasa kaduhung na haté urang…
Kadang niat nu hadé ti hiji jalma
robah jadi RIYA waktu manéhna loba nu muji.
Urang tong ngarasa kaduhung kana
kalepatan anu tos dipilampah. Candak hikmahna supados urang moal ngadamel
kalepatan sapertos nu atos-atos.
Harta anu nguntungkeun teh SABAR.
Tangtos urang bakal kenging balesanna ti Alloh.
Rejeki téh sakadar titipan, mun
urang teu ngajaga jeung teu nyukurkeun tangtu moal nambahan.
Saban mangsa téh geuning urang teu
weléh dikukuntit pati. Bisa ayeuna, isuk, atawa pagéto, pati mapagkeun diri.
Dina ngajalankeun ibadah, urang kudu
ihlas. Insya Allah urang kénging ganjaranna nu ageung.
Pinuhan haté urang ku kaihlasan.
Lantaran hal éta ngajadikeun urang kuat dina nyanghareupan susahna kahirupan.
Upami urang hoyong kénging kabagjaan
dunya ahérat, seueurkeun sedekah sareng pidamel naon anu janten piwaranganNa..
Upami dinten ieu urang kénging
kanalangsaan, tangtos aya kasempetan pikeun urang ngéngingkeun deui kabungahan…
Aamiin…
Saberat-beratna masalah anu tumiba
ka diri urang, urang kudu percaya yen sakabeh henteu ngaleuleuwihan kamampuhan
urang.
Jalma nu hirupna sering ngabantu
jalma lain, hirupna tangtu digampangkeun, lantaran loba nu ngadoakeun.
Dawuhan Allah swt:Ari omongan anu
hadé jeung pangampura téh leuwih alus batan sidekah anu dibarengan ku
nganyenyeri.
Unggal jalma ngabogaan pilihan. Tong
nyalahkeun ka nu teu sajalan jeung urang. Urang bener, tapi maranehanna ge teu
salah.
Naon nu tumiba ka urang eta teh
takdir ti Alloh.Urang kedah sabar sareng ihlas dina ngalakonanna.Mugi urang
kenging ganjaran surga ti Alloh.
Sakumaha gedena kasalahan urang
baheula,mun urang bener2 tobat sarta urang ayeuna aya di jalan Anjeunna.Tangtos
Alloh mah nampi tobat urang.
Dinten ieu tangtos urang kenging
kabagjaan upami urang nyukurkeun naon wae nu dipaparin ku nu Maha Kawasa.
Wilujeng enjing baraya..
SABAR waktu urang keur ambek kacida
héséna....
Waktos urang asa2 ngalengkah dina
kahirupan urang. Pasrahkeun sadayana ka Alloh. Mung Anjeunna nu nuntun urang
kanggo mendakan jalan nu sae.
Waktos sepuh urang mapatahan urang,
dangukeun. Eta teh bukti kanyaah anjeunna ka urang...
Urang
bisa ngalawan tangtangan kahirupan sakumaha beratna, mun urang pinuh kasabaran,
boga sumanget nu kuat jeung teu gampang takluk.
Salila urang aya dina kasabaran,
tangtu urang meunang kahadean. Insya Alloh....
Alloh mah tangtos nyarengan jalmi nu
sabar sareng tawekal…
Saleresna KAHIRUPAN teh hiji
anugerah ti Alloh...
Sing saha nu hoyong diseueurkeun
rejekina sareng dipanjangkeun yuswana, supados manjangkeun silaturahim.
Sakumaha ageungna amal urang, pami
teu ihlas mah percumah.
Waktos urang bingung ku seueurna
msalah,waktos urang leuleus teu aya pamuntangan. *HASBUNALLAHU WANI'MAL
WAKIL"Cekap Alloh nu nulungan urang
Alloh teu kantos nyandak milik
urang, kajabi Anjeunna ngagentosan ku nu langkung sae.
Sedekah teh henteu ngajantenkeun
harta banda urang ngirangan...
Kadang kahirupan teh teu saluyu
jeung nu dipikahoyong. Urang kedah yakin yen ieu teh nu pangsaena pikeun urang.
Tangtu aya harepan mun urang daek
ngadu'a. Tangtu aya jalan mun urang daek usaha..
Pami Alloh teu ngawaler du'a urang,
panginten naon kahoyong urang teh awon balukarna pikeun hirup urang. Anjeunna
mah maha Uninga.
Sanajan nu nyaangan teh ngan ukur
cahaya leutik, tp gede mangpaatna mun urang keur dinu poek. Siga kitu oge
mangpaatna hiji du'a.
Alloh mah tangtos ngadangu du'a
urang, namung Anjeunna langkung uninga mana nu sae kanggo urang.
Mun urng geus sakuat tanaga nyieun
khadean tp msh kneh aya nu teu narimakeun. Pasrah jeung ihlas we. Sabab nu utama mah
hubungan urng sreng Alloh.
Cobi urang langkung seueur babagi ka
sasama. Tangtos urang kenging ANUGERAH nu ageung ti nu Maha Kawasa.
Kabeh jalma hayang hirupna robah ka
arah nu leuwih alus. Tp kalakuan angger teu robah. Kumaha kahirupanna rek
robah?
haturnuhun bacaanna, kang
BalasHapus