Inti tina sadaya urang ngabdi ka Gusti Alloh Swt, nu Maha Suci, teu aya
sanés iwal milari “katakwaan” ka Mantena. Sok sanos dina jaman kiwari,
seueur gogoda nu sakitu ageungna, tapi tetep milampah takwa ulah
kagoda. Takwa kudu nerap dina diri urang salawasna. Cek paribasa, henteu
unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, ngalampahkeun takwa mah teu
pédah jaman robah. Sabab, dikukumaha ogé, da éta tujuan urang hirup di
dunya.
Rosululloh Saw parantos mépéling ka umatna sangkan salamina takwa ka
Gusti Alloh, Ittaqillaaha haitsu maa kunta, prak aranjeun takwa ka
Gusti Alloh keur dimana waé aranjeun aya. Maksadna takwa téh teu di
watesan ku tempat jeung waktu; iraha baé, di mana baé, dina posisi
kumaha baé jeung dina kaayaan naon baé.
Teu kinten pentingna sikep sareng milampah takwa nerap dina diri urang
salamina. Kaunggel dina al-Qur’an langkung ti 260 kali kecap “takwa”
disebutkeun. Salah sahijina sakumaha anu ditukil dina pidawuh Gusti
Alloh Swt dina surat Al-Imran ayat 102, nu kieu unina: Yaa
ayyuhalladziina aamanu, taqulloh haqqo tuqotihi, wala tamutunna illa wa
antum muslimuun. Nu hartosna : “Hé jalma-jalma anu ariman prak aranjeun
takwa ka Alloh kalawan takwa anu sabener-benerna, jeung poma aranjeun
ulah rék maraot kajaba dina kaayaan keur sumerah diri ka Alloh Swt”.
Jalma anu takwa ka Gusti Alloh Swt kalawan takwa anu sabener-benerna takwa (haqqo tuqootih)
disebutna “Mutaqin”. Maranéhna jalma anu paling mulya sabab diluhurkeun
harkat, darajat jeung martabatna ku Gusti Alloh Swt. “Saéstuna jalma
anu paling mulya ti antara aranjeun di sisi Gusti Alloh nyaéta jalma anu
paling takwa ti antara aranjeun”. (QS. al-Hujurat, 49: 13)
Takwa dicandak tina kecap “Waqoo” dina bahasa arab. Sok sanajan kecap
tadi di wangun tina tilu aksara namung mibanda ma’na sareng hartos anu
teu kinten jembarna. Katakwaan mangrupa puncak kahirupan ruhaniah manusa
sareng ajaran Islam anu paling poko. Ratusan kali kecap takwa
diungkapkeun dina al-Qur’an, hal éta nuduhkeun teu kinten luhurna ajén
kasaéan anu dikandungna. Sakumaha kautamaan nu dibutuhkeun dina
kahirupan dunya sareng ahérat parantos kakurung ku kecap takwa tadi. Nya
kitu deui pirang-pirang sifat anu mulya sareng pinuji sapertos: jujur, adil, amanah, ihsan, santun, jembar manah, shobar, syukur, nyumponan janji, sareng sajabina mangrupa bagian tina takwa tadi. Sedengkeun rohmat, ni’mat, barokah sareng kabagjaan sadayana buah tina katakwaan.
Ku kituna takwa téh sanés bungkus luar tapi status jero diri (state of inner self)
anu wujudna mancer dina kahirupan nyata, nya éta sikep sareng tingkah
laku. Takwa ngagambarkeun kaayaan anu paling jero tina diri manusa
ngeunaan éksistensi Gusti Alloh Swt sareng kawajiban tur kasatiaan
manusa ka Mantena. Sakumaha dawuhan Rosululloh Saw, nu kieu unina:
Innaloha laayanduru ‘ala suwarikum waajsadikum walakin yanduru ‘ala
qulubikum waa’malikum. Nu hartosna : “Saéstuna Gusti Alloh teu ningali
kana rupa jeung wangunan badan aranjeun, tapi Mantena ningali kana haté
jeung amal aranjeun. (HR. Muslim)
Takwa sering dihartikeun “sieun” jeung “ta’at” ka Alloh Swt. Ku sieun
sareng ta’atna jadi jalma anu takwa salamina sok ngajaga diri dina
sagala pagawéan nu teu dipiridho ku Gusti Alloh sarta kalawan hampang
ngajalankeun sagala parentah-Na. Ku kituna di antawis sabagian Ulama
ngahartoskeun takwa téh, “Ngajalankeun sagala paréntah sareng nyingkahan
sagala larangan Gusti Alloh Swt”.
Peryogi ditegeskeun, yén harti sareng amalan takwa dina harti sieun
sareng ta’at tadi kedah didasarkeun kana harti Islam numutkeun ukuran
al-Qur’an sareng Sunnah Rosul Saw, didasarkeun kana pituduh Kitabulloh
sareng tuntunan Sunnah Rosululloh anu muarana karidhoan Alloh Swt.
Ngémutkeun kecap “takwa” tadi asalna tina istilah Islam sok sanajan
ayeuna mah takwa téh parantos jadi istilah sapopoé sacara populer.
Saolah-olah takwa téh geus milik umum margi sakumaha panganut ajaran
agama salian ti Islam ogé ngagunakeun istilah takwa tadi.
Saleresna Alloh Swt sareng Rosululloh Saw parantos ngajelaskeun harti
takwa sacara rinci, jelas tur écés, boh dina al-Qur’an boh dina
al-Hadist. Nya kitu deui sifat, sikep sareng laku lampah amal perbuatan
jalma-jalma anu taqwa. Pikeun ngagampangkeun deui pamahaman urang kana
takwa ieu, mangga urang segerkeun deui dina émutan urang kana hiji
dialog atanapi gunem catur antawis kholifah ‘Umar bin Khottob sareng
shohabat Ubay bin Ka’ab.
Pidawuh Sayyidina ‘Umar: “Hé Ubay bin Ka’ab, nurutkeun anjeun naon
sabenerna anu disebut takwa téh?”. Kénging patarosan kitu, kalawan
diplomasi Ubay bin Ka’ab ngawaler, “Nun Amirul Mu’minin, takwa numutkeun
pangartian Qur’an sareng Sunnah téh sapertos kieu: Upami salira nanjak
dina hiji lamping batu anu nangtawing, anu leueur taya pamuntangan boh
tatangkalan boh jujukutan upami kaleresan sampéan salira tikoséwad dugi
ka ragrag kana dasar jurang anu gurawes. Tah kumaha sikep salira nalika
nanjak dina lamping batu tadi supados teu tikoséwad teras ragrag kana
dasar jurang dugi ka maot di dinya bari kaayaan badan salira ancur?”.
Nguping cariosan shohabat kitu, Kholifah Umar bin Khottob kénging
sakedapan mah ngahuleng. Saba’da narik nafas kalawan sora anu abot
anjeuna ngawaler, “kami sering ngalaman nempuh jalan modél kitu. Jeung
nalika kami leumpang dina lamping batu anu nangtawing kitu sangkan teu
tikoséwad tangtu waé kami kudu kacida pisan ati-atina”.
Sohabat Ubay bin Ka’ab bari mésem nyarios deui, “Tah éta nu dimaksud ku
Takwa téh ati-ati dina sagala hal”. Lajeng saurna deui, “Aya tilu
perkara anu kedah dijaga kalawan ati-ati téh. Kahiji, ati-ati ngajaga
diri urang tina perkara nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. saperti:
syirik, kafir, doraka ka indung bapa, zinah, ninggalkeun ibadah, sumpah
palsu, korupsi sareng sajabina. Kadua, ati-ati ngajaga diri tina sagala
perbuatan anu ngaruksak atanapi anu ngarugikeun diri sorangan, saperti:
nginum khomer (kiwari narkotika, alkohol, ganja, sabu-sabu), judi, boros
(royal), ngamubadirkeun waktu, males, teu daék nungtut élmu, haseum
budi, jeung sajabana. Katilu, ati-ati ngajaga diri tina sagala perbuatan
anu ngaruksak jeung ngarugikeun diri batur sok sanajan keur diri
sorangan mah mawa kauntungan, saperti: nipu, maling, ngagasab barang
batur, mitnah, nganiaya, khianat, maténi, ngadu domba, bohong, ngaganggu
rumah tangga batur, ngotoran jeung ngaruksak lingkungan, jeung
sajabana”.
Nguping penjelasan ti sohabatna, Sayyidina Umar nyarios: “Kami
nganuhunkeun pisan kana sagala katerangan anjeun. Mugi Alloh Swt
ngalimpahkeun hidayah sareng taufikna ka urang sangkan urang kaasup
hamba Alloh anu takwa tadi”.
Jadi jalma anu takwa téh, nyaéta jalma anu salamina ati-ati ngariksa
jeung ngaraksa diri tina sakabéh perkara (kahayang, pikiran, ucapan,
jeung perbuatan) anu dibenduan ku Gusti Alloh Swt, ngarugikeun dirina
sorangan jeung ngarugikeun diri batur.
Sikep ati-ati sareng ngaraksa diri tadi dilakukeun dina tilu hubungan
kahirupan. Kahiji, hubungan ka Gusti Alloh Swt (ti abid ka ma’budna, ti
makhluk ka kholikna). Jalma anu takwa ati-ati ngajaga dirina tina sagala
perkara (tékad, ucap, lampah) nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. Dina
widang aqidah, ngajaga kamurnian aqidah Islamiyah (tauhid) tina sagala
rupa rowasib (kamusyrikan jeung kakafiran). Dina widang ibadah
(syari’ah), ngajaga kamurnian amalan ibadah anu loyog sareng katangtuan
Qur’an tungtunan Sunnah Rosululloh Saw. Dina widang ahlak, ngajaga diri
tina satiap palanggaran kana hudud (wates-wates) Alloh Swt
nyaéta ajaran Islam. Kadua, hubungan ka diri pribadi salaku makhluk
nafsiah (individual) anu kudu tanggung jawab kana sagala tingkah
paripolahna. Magka ati-ati dina raraga takwa ieu, nyaéta kamampuhan
ngajaga diri tina sakabéh palanggaran boh kana aturan Alloh Swt, boh
kana aturan manusa anu bakal ngarugikeun ka diri sorangan. Margi, satiap
palanggaran bakal mawa karugian pikeun nu migawéna boh di dunya boh di
akhérat, utamana jaga engké di akhérat. Margi sok sanajan di dunya
ayeuna nu ngalakukeun palanggaran (dosa, kasalahan) téh bébas tina hukum
pidana dunya, di akhérat mah geus dipastikeun moal bébas tina wawales
Alloh Swt. Sakumaha pidawuh Mantena dina al-Qur’an: Famayya’mal
mitsqoladarrotin khoiroyyaroh, wamayya’mal mitsqoladarrotin sarroy
saroh. “Sing saha nu migawé kahadéan sanajan sagedé atum (sakeprul lebu)
tinangtu manéhna bakal ningali babalesna. Jeung sing saha nu migawé
kajahatan sanajan sagedé atum (sakeprul lebu), tinangtu manéhna bakal
ningali wawalesna ogé”. (QS. al-Zalzalah, 99: 7-8)
Katilu, hubungan ka papada manusa salaku makhluk sosial (ijtima’iyah).
Jalma anu takwa salamina ati-ati ngajaga diri tina sagala perkara
(tékad, ucap, lampah) anu bakal ngaruksak tur ngarugikeun batur sok
sanajan pikeun diri sorangan ngadatangkeun kauntungan. Ku sabab éta
pisan mangka umat Muslim diwajibkeun amar ma’ruf nahi mungkar pikeun
ngaleungitkeun sareng nyegah kamungkaran nu bakal nimbulkeun karuksakan
jeung bencana dina kahirupan. Contona upama ngantep kajeunkeun
jalma-jalma nu ngaruksak lingkungan saperti ngajarah jeung ngarambah
leuweung mangka bakal timbul bencana alam (longsor, banjir) anu pasti
ngarugikeun pirang-pirang pihak.
Pidawuh Gusti Alloh Swt: Wattaqu fitnatan laa tisyibannalladziina
dholamuu minkum khoossotan. “Jeung pikasieun ku anjeun datangna fitnah
anu akibatna moal ngan tumiba ka jalma-jalma anu doraka wungkul”. (QS.
al-Anfal, 8: 25)
Dina ayat anu séjén Gusti Alloh Swt nandeskeun deui, wamaa kaana
robbuka liyuhlikal quura bidulmin waahluha muslihuuna. “Jeung pangeran
anjeun moal rék ngabinasakeun nagri-nagri kalawan aniaya padahal
pangeusina jalma-jalma anu saroléh”. (QS. Hud, 11: 117)
Kitu ungkapan anu gampil kanggo urang pikeun mahamkeun hakékat tina
“Takwa ka Gusti Alloh Swt” tadi. Urang sadaya henteu mungkin kénging
pangartian hakiki sareng pangamalan takwa anu leres tur tepat upami
henteu diwangsulkeun kana pangartian sareng pangamalan takwa numutkeun
ajaran Islam.
Ancur binasana jalma anu kapungkur sakumaha seueur diterangkeun dina
Qur’an nya kitu deui reksakna tatanan sosial sareng sendi-sendi
moralitas kahirupan masarakat bangsa sareng nagara anu tumiba ka bangsa
urang akibat tina krisis multidimensional anu manjang tug dugi ka
kiwari, di tambih ku langkung parahna kareksakan lingkungan kahirupan
alam ditibanan ku pirang-pirang bencana alam anu taya kendatna di
mana-mana. Sadayana éta dina hakékatna balukar tina dosa koléktif
atanapi dosa barjama’ah bangsa urang anu kirang syukur ni’mat kana
sagala pituduh Alloh sareng Rosul-Na.
Pidawuh Gusti Alloh Swt, nu kieu pihartoseunana: “Naha aranjeun teu
merhatikeun jalma-jalma anu geus nukeurkeun ni’mat Alloh ku kakufuran
sarta ngagebruskeun kaomna kana jurang kabinasaan? Nyaéta naraka
Jahanam; maranéhna tigebrus ka jerona; jeung nu kitu téh
panggoréng-goréngna tempat baralik”. (QS. Ibrahim, 14: 28-29)
Namung sadayana éta insya Alloh tiasa diungkulan, didangdosan sareng
diwangun deui upami sakumna komponén bangsa urang boh masarakat boh
pamaréntah mibanda tékad sareng karep anu sami pikeun sasarengan
ngadangdosan sareng ngawangun deui kalawan didasarkeun dina katakwaan ka
Gusti Alloh Swt dina ma’na anu saleres-lersna atanapi “haqqo tuqootih”.
Gusti Alloh Swt moal ngarobah nasib bangsa urang upami urang sorangan
henteu aya usaha pikeun ngarobahna, ngadangdosanana sareng ngawangunna
deui kalawan arah sareng cara anu langkung saé. Pidawuh Gusti Alloh Swt.
nu hartosna deui, “Sing saha anu takwa ka Alloh, tinangtu anjeuna bakal
méré jalan kaluar pikeun maranéhna tina pirang-pirang perkara nu
disanghareupanana sarta méré ka maranéhna rizki tina jalan nu teu
disangka-sangka. Jeung sing saha anu tawekal ka Alloh, mangka Anjeuna
baris nyukupkeun sagala kaperluanana”. (QS. Ath Tholaq, 65: 2-3)
Jalma anu takwa, jalma anu moal kersa malikan deui kasalahan. Sagala
kasalahan léngkah sareng tindakan kalawan sagala akibatna salamina
dijantenkeun ibroh sareng maoidhoh (eunteung sareng palajaran moral) anu
kacida mahal pikeun ngoméan diri, ngoméan sikep sareng léngkah sangkan
pangalaman pait anu parantos kalangkung teu kaalaman deui.
Mugia ku pedaran di luhur, tiasa janten pépéling pikeun urang geusan
ningkatkeun katakwaan salaku landasan anu kokoh kuat pikeun ngawangun
deui kahirupan masyarakat jeung bangsa urang sangkan dipiridho ku Gusti
Alloh Swt. Allohuma robbana dolamna angfusana waillam tagfirlana
watarhamna lanakunanna minal hoosiriin. Allahuma as'aluka saabatan
firrusdi wa as'aluka ajimatan firrusdi, wa as'aluka sukron fini'mati
wahusna fi ibadati wa as'aluka lisanan sodiqo wa qolban salima.
Hasbunalloh wa ni'mal wakil, ni'mal maola wa ni'man nasiir. Amin.***
Sumber : Munara Cahya Majalah MANGLE
Tidak ada komentar:
Posting Komentar