Teu karasa waktu nu disanghareupan kari dua taun deui. Taun 2015 kuring
rék mungkas tugas, ngécagkeun pancén nu geus 38 taun dipajuan. Enya
umur téh dua taun deui 60 meureun. Geus lila ning hirup di dunya téh.
Lain teu karasa, karasa pisan lilana éta waktu. Tapi ku kasibukan digawé
jeung nyanghareupan nu kudu diréngsékeun nya jadi nyérélék waktu téh.
Coba waé, unggal bulan nganti-nganti tanggal hiji. Lila ku lilana,
gancang ku gancangna. Ujug-ujug geus nepi deui ka éta tanggal, dipajuan
unggal bulan, dilakonan unggal taun. Ayeuna sakeudeung deui mungkas
gawé. Hmm... aya kakeueung mah. Da éta cenah loba béja, kitu, kitu, kitu
sanggeusna pangsiun téh. Enya cenah, ari keur digawé diarep-arep hayang
geura pangsiun, ari geus pangsiun loba ngangluh; kakeunaan ku panyakit
kajiwaan pasca pangsiun.
Tapi kuring mah geus boga sawangan. Hasil digawé duaan jeung bapana
budak, aya nu nyangsang. Alhamdulillah. Cita-cita téh rék mulang ka
lembur di tutugan Gunung Salak, rék muka toko jeung budak nu bungsu. Da
lanceuk-lanceukna mah geus cumarita, kari eta si bungsu can katémbong
pijalaneunanana. Mudah-mudahan wé aya parengna.
Lamun inget deui kana perjuangan keur digawé, asa teu butitina-butitina
teuing ketak téh. Lain rék sombong deuih, neundeun jasa ka nu rék
ditinggalkeun. Ieu mah sawajarna waé, tina bebeneran nu sok dicekel ku
kuring.
Sakola téh ti SPG, enya pigurueun. Tapi harita teu ujug-ujug jadi guru
SD. Kuring ngahonor heula di TK, di TK Sartika nu ngan hiji-hijina di
Kacamatan Sukawenang. Loba muridna, jeung lain si itu-si éta deuih nu
nyakolakeun budak ka éta TK téh. Para staf, pulisi, inohong kacamatan,
malah Pa Camat ku anjeun mercayakeun murangkalihna di éta TK. Kuring
kadua jeung Bu Otih ngagéroh TK dibarengan ku pangaresep jeung usaha
dina ngaronjatkeun pangabisa. Latihan-latihan nu diayakeun ku dinas
pendidikan di Kabupaten Sukabumi, taya nu teu diiluan. Cohagna mah
karesep jeung pangabisa nu ngaronjat tina hasil pelatihan-pelatihan téh
bener-bener diketrukkeun pikeun kamajuan sakola TK.
Préstasi murid-muridna pikareueuseun deuih. Dina tampilan seni,
pasanggiri-pasanggiri pangaweruh pikeun budak TK boh tingkat kabupatén
boh tingkat propinsi, teu éléh jeung nu lian. Unggal taun murid TK-na
nambahan. Bantuan-bantuan lancar, nepi ka nu asalna bangunan téh
wawayagon ahirna mah ngajengléng aya tenjoeunana. Ruang belajar aya dua,
ruang guru jeung kapala sakola, taman bermain kumplit wé sagala rupana
aya.
Tapi keur resep ngokolakeun TK teh, kuring miluan ujian nagara keur
pigurueun di sakola dasar. Alhamdulillah kuring lulus jadi pagawé nagri.
Enya sedih pisan ninggalkeun sakola TK tempat kuring mimiti bajuang
jadi pangatik téh. Perpisahanana gé nu pikasediheun teu kudu dicatur
deui. Murid jeung kolotna siswa maruntangan kuring sangkan ulah indit
atawa cenah ulah ditinggalkeun sapisan. Dalah dikumaha, apan ari guru SD
mah sarua baé jeung guru TK, kudu unggal poé ngajarna da jadi guru
kelas.
Dibenum teh jauh di Palabuan Ratu. Balik ka lembur dua minggu sakali.
Karunya ka nu cikal, budak nu kakara genep bulan, harita ditinggalkeun.
Diaku harita mah teu jongjon, jeung haté gé teu ngadep kana ngajar téh
da inget baé ka budak nu dipihapékeun ka indung jeung dulur-dulur di
lembur. Mana bapana sarua jauh deuih, da ditugaskeun gawéna di Jakarta
ku perusahaanana.
Enya sadar, kapan kahayang jadi pagawe nagri téh, tapi ning cocobana
beurat kitu. Awak kuru aking ngajangjawing, capé haté cape pikiran
meureun, nepi ka brekna gering. Untungna penilik sakola harita surti.
Anjeunna ngawidian jeung ngarékoméndasi kuring mutasi ka lembur. Ngan
dua taun di Palabuan Ratu téh, ahirna kuring balik deui ka lembur.
Pindah ka lembur ditempatkeun di SD nu tilu kilo jauhna ti imah, haté
mimiti tengtrem. Unggal isuk leumpang baé da wahon (angkot ayeuna) mah
teu cara ayeuna. Sagala kagiatan pendidikan, pelatihan, kesenian,
dipigawé kalawan teteg jeung resep. Asa manggih deui kasuka nu baheula
kungsi kapegat. SD bucit di Jelekong nu asalna katinggaleun sagala
rupana téh mimiti ku kuring dimobilisasi sangkan leuwih ronjat. Taman
sakola ku kuring diusulkeun ka kepala sakola sangkan dibebenah,
perpustakaan nya kitu kénéh, kuring gé ngahaja ngadatangkeun pelatih
kasenian jeung kaagamaan, boh awéwé boh lalaki sangkan siswana aya guam.
Alhamdulillah Pa kapala Sakola ngarojong pisan kana karep téh. Dugi ka
anjeunna pangsiun, anjeunna ngarékoméndasi kuring jadi kapala sakola di
éta SD. Harita, dina umur 30 taun kuring geus jadi kapala sakola!
Tapi nya kitu téa, dina kamerenahan tugas téh, aya-aya waé gogoda téh.
Pikiran teu jejeg da salaki ditugaskeun di Bandung Barat, di Saguling
Cirata. Jakarta-Sukabumi mah geus jadi jalan ka cai da ukur 2-3 jam nepi
(ayeuna 3-4 jam sotéh da beuki loba kandaraan ngaheurinan jalan), tapi
ieu di Bandung nu kaitung jolok aya kana 4-5 jamna di jalan (jalan can
siga ayeuna laleucir) nyababkeun salaki ngarasa capé balik saminggu
sakali.
Kuring gé gedé timburu salaki balik dua minggu atawa pleng sabulan
sakali ka lembur téh. Pikiran teu jejeg deui. Kuring ngadunga unggal
peuting sangkan aya jalan kaluar pikeun éta hal. Alhamdulillah sanggeus
genep bulan salaki dipindahkeun gawéna di Banjaran Bandung. Enya beuki
jauhna mah, tapi teu hésé jalanna, jaba dibéré perumahan di lingkungan
perusahaan.
Sanggeus dipikir dibulak-balik ahirna kuring menta mutasi ka Banjaran
Bandung. Alhamdulillah dikobul. Rumah tangga reugreug deui, teu loba
kapusing ka kuringna. Sanajan tangtangan di SD nu harita kuring pindah
ka dinya leuwih rongkah batan keur di lembur, tapi kuring geus biasa
deui nyanghareupanana.
Nu kahiji, disanghareupan téh situasi masarakat urang Hegar nu
pikarujiteun. Kabiasaan sosial nu teu picontoeun ku kuring lalaunan
dibebenah. Sikep masarakat nu teu pati ngadukung kana pendidikan, sikep
kolot murid nu ngumawasa, égois, jeung sangeunahna jadi bagian tugas
pikeun nyadarkeun maranéhna. Nu kadua, lingkungan sakola nu
pikageuleuheun, runtah di ditu-di dieu, bangunan nu ukur boga opat
rohang, kaséhatan barudak SD nu pikawatireun, ieu gé ku kuring
dibebenah. Nu katilu, sikep para guruna nu ngan limaan bari teu rumojong
jeung sinis kana program-program nu disosialisasikeun ku kuring jadi
tangtangan pikeun kuring.
Kuring ngayakeun pendekatan ka sagala pihak. Murid, guru, kolot,
inohong désa, inohong kacamatan, penilik, jeung urang dinas pendidikan
pikeun ngabebener eta kabeh. Kuring nyieun proposal sagancangna bari
ngayakinkeun pihak dinas yen SD Hegar bener-bener kudu dibantuan. Aya
pamariksaan téh kuring mah bungah. Sagala rupana diantepkeun kitu baé,
keun sina katempoeun ku nu di luhur. Tilu bulan ti harita gurujag
sumbangan téh datang. Alhamdulillah. Sanajan ukur cukup pikeun dua
ruangan kelas, ditambahan dua wangunan wésé, kabéh diajangkeun ka dinya.
Kurangna gé nepi ka 20 juta. Keun baé éta mah SK kuring disakolakeun.
Salila kuring jadi kapala sakola di éta SD, geus tilu kali meunang
bantuan tina ngajukeun proposal. Bantuan pasilitas nu unggal taun datang
boh duitna boh barangna boh gedé boh leutik ti dinas kabéh dipakihikeun
ku kuring pikeun kaperluan sakola.
Lalaunan SD Hegar kelas jeung pasilitasna beuki nambahan, lingkunganana
beuki resik. Taman-tamanna ngémploh héjo, perpustakaanana bukuna pinuh,
kagiatan ékstra kurikulerna beuki rempeg, lingkungan sakola
pikabetaheun jeung pikaresepeun, guru-guru beuki kooperatif beuki ronjat
kesejahteraanana da geus diaju-ajukeun sertifikasi ku kuring, masarakat
beuki ngadukung kana program sakola. Bagjana pisan kuring, waktu sakola
ngahontal akreditasi A.
Keur resep kitu, kuring meunang tugas mutasi kudu ngabebenah SD saatap
di kota Banjaran. Beu, beu, beu. Pusing pisan ieu mah, hiji sakola dua
manajemen administrasina, atuh ngokolakeunanana gé kudu gedé tanaga.
Acan éta SD teh aya masalah jeung nu boga tanah nu ngawakapkeunana.
Enyaan pusingna teh, katambah barudak keur merelukeun waragad pikeun
sakolana, da geus karuliah. Kuring jeung bapana tihothat matéakeun
kamampuh sorangan pikeun kawajiban di pagawéan jeung di rumah tangga.
Antukna persoalan antara sakola jeung nu boga tanah dikapangacarakeun
da éta mah masalahna geus kana hukum nu kuring teu nyaho gék-gékanana.
Alhamdulillah pihak sakola jeung nu boga tanah ahirna bisa daméy. Lima
taun geus rapih mah ku kuring dibikeun deui ka dinas. Harita téh inget
bae nyanggakeun ka nu dibendo, mangga, cekéng téh, tos bérés roés ayeuna
mah. Wangsulkeun deui sim kuring ka SD Hegar.
Enya baé kuring dipulangkeun deui ka SD Hegar. Tapi naon nu
disanghareupan? Lingkungan sakola nu geus bérés-roés saméméh
ditinggalkeun ku kuring téh bet acak-acakan deui! Urusan administrasi
teu bener, keuangan kredit, aya guru honorer nepi ka sapuluh urangna,
sedeng guru-guru nu sertifikasina beunang nguruskeun kuring
ucang-ucangan baé. Karedul! Ambek harita ngagugunung.
Kuring nahan manéh, hayang nyaho kana kaayaan anyar nu salila lima taun
ditinggalkeun. Sanggeus dua bulan, kuring ngayakeun rapat. Kuring
ngaluarkeun kawijakan anyar, kuring ngayakeun perampingan pengajar!
Leuh raména nu protés, nu cua, nu sinis, nu ambek kuring. Malah aya nu
ngancam kana jiwa sagala. Ceuk kuring harita ka nu protés!
“Mangga, sok dongkapkeun nu rék ngarogahala! Bapa, Ibu, Enéng-Encép nu
teu keresa diliréntugaskeun mangga teras ngajar, tapi moal digajih
sapésér ogé! Artos tos teu aya, kredit! Geuning ieu sakola téh ngahutang
ka bank kanggo ngagajih nu ngahonor sapuluh urang kali lima ratus rebu.
Rek ti mana Bapa, Ibu, Enéng-Encép nutupanana? Keresa nutupan hutang
sakola?
Eta deui Ibu, Bapa, nu tos nampi artos intensif sertifikasi, raos-raos
ucang-ucangan nyah? Bet beuki karedul? Taya kaisin pisan digajih buta?
Palay dilaporkeun ku sim kuring? Sim kuring gé keresa ngahonor pami kitu
mah, lima ratus rébu ucang-ucangan. Sok mangga gajih ku Bapa sareng ku
Ibu!”
Tindakan kuring nu keras pikeun nyalametkeun ieu sakola aya buktina.
Guru-guru nu geus nambahan jadi sapuluh (jeung kuring) téh, jadi
soson-soson ngajarna. Honorér dileungitkeun da katangkes gawéna ku guru
nu geus tetap. Lain teu karunya ka nu ngahonor, ké dimana keuangan geus
stabil deui, rék narima deui nu ngahonor, kitu jangji téh.
Horéng tindakan kuring teh jadi sabiwir hiji. Cenah nepi ka Kabupatén.
Lah, mangga teh teuing. Ku éta kajadian, di lingkungan pangatik téh
kuring dipikasinis, tapi beuki dieu-beuki dieu bet ditarurutan. Pajar
téh.
“Leres, Bu Hajjah Ita, abdi gé nurutan ketak Ibu. Atuda sakola seueur
beban ning?” Ceuk Bu Ida kapala sakola SD Sukamanah. Kitu deui Ibu Dedeh
kapala sakola SD Pasirgeulis, Bu Diah kapala sakola SD Riunggunung,
cenah mah nurutan. Kuring mah mésem waé.
*
“Mah, aya tamu.” Salaki ngahudangkeun kuring tina panglamunan.
“Saha Pa?” kuring gesat-gesut dangdan, tuluy nutupkeun buku laporan.
Kadéngé récok, sigana lobaan sémah téh. Ana ditéang ka hareup...
“Ibu Hajjah ...wilujeng tepung taun!!!” réang guru-guru SD Hegar
ngabagéakeun. Aya nu mawa kado, mawa kuéh, mawa buah, mawa rantang,
angkaribung.
“Kaleresan tepung taun Ibu téh dinten Ahad tuda, janten abdi sadaya
ngabaribinan, badé ngiring botram,” kitu ceuk Pa Ase nu beuki heureuy,
hideng nerangkeun.
Kuring mésem bari hookeun kénéh sajongjonan, aya nu ngembeng dina kongkolak panon, teu katahan...*** (Kénging Chye Retty Isnendes)
Cigugurgirang, 10 Desember 13
Sumber : Majalah MANGLE
Sumber : Majalah MANGLE
Tidak ada komentar:
Posting Komentar