HENPON dibeubeutkeun ku Nita satakerna. Untung teu nanaon da
dibeubeutkeunana gé kana kasur. Aya kalebar mah da butuh kénéh meureun.
Sirahna nyusup kana kasur diheumpikan guguling. Teu kaampeuh cimatana budal, segruk ceurik mani eueuriheun. Sabisa-bisa ditahan bisi kadéngéeun ku si mamah.
Padahal mun kongang mah hayang méwék gagauran sing kadéngé ku jalma saalam dunya yén manéhna keur meunang kanyeri kabina-bina.
''Gila!'' Habek meupeuh guguling nu teu tuah teu dosa. Panonna dipereketketkeun sina peureum, embung nénjo deui si éta, si aki-aki nurustunjung si abah euwah-euwah. Boro-boro ingkah, angger kabayangkeun da puguh geus ngancik na alam bawah sadar. Rék dijauhkeun kumaha?
Antukna, batan nyingkah mah kalah kolébat némbongan. Teu sakadar jirimna nu mangrupa potrét dina profil facebook. Tapi ogé runtuyan carita éndah salila ngayakeun sosobatan dina facebook anu keur lumrah jadi bagean tina gaya hirup manusa kiwari, teu kolot teu budak, teu awéwé teu lalaki, teu budak purah luntang-lantung teu budak sakola, cenah gé demam facebook.
Atuh komo keur pantar Nita, ABG kelas 2 SMP boga hénpon téh sasatna fardu bari jeung nu aya facebook-an ari teu hayang disebut anak ''kagak gaul'' mah. Enyaan ningan resep guyang na dunya facebook téh. Nalikeun sosobatan jeung saha baé lain bae jeung nu geus wanoh, anu teu wawuh bari pajauh, ngalabrak wates-wates nyungkeret ogé, bisa nga-add temen, rék awéwé rék lalaki.
Na umur balég tampélé, Nita sok resep ngabalad jeung lalaki nu kasép boh ngahaja ngajak sosobatan atawa itu nu ngajak. Unggal poé tara kaliwat nga-add sobat, teu kalis ku facebook diwanti-wanti naha wanoh atawa henteu. Sakirana pikaresepeun mah diuseup baé da geuning umumna mah ituna gé sok nyanggut.
''Makasih konfirmasinya cantik,'' ceuk si jalu nu kakara ngajak sosobatan.
''Iya deh,'' témbal Nita dina inbok. Ka dituna recok ngawangkong, naon baé ditanyakeun, sakapeung sok silibanyolan, malah pamustunganana mah ngajak ketemuan alias patepung lawung paamprok jonghok di kieuna, kopi darat téa lah. Mun geus aya nu ngajak ketemuan kitu, Nita sok ngarengkog. Najan jero haténa mah nyengsreng. Malah Nita sok ngabirigidig, sieun siga ceuk béja loba budak awéwé nu diculik ku lalaki sobat facebook-na. Kajaba ti kitu, apan Nita téh anak pingitan yang tidak boleh pacaran ku si mamah jeung si papah.
''Nit, kamu teu meunang waka punya pacar, cinta-cintaan nya! Belajar dulu yang bener!'' Kitu papagah si mamah téh. Nita tiba ngaheueuhan, heueuh-heueuh bueuk da jero atina mah ngocomang, ''Kumaha aku wé atuh Mah!''
Enya Nita mah hoyong kumaha aku nanaon gé, alim aya nu ngatur, najan enya gé kolot. "ABG Nita téh Mah, anak band, anak musik indie, anak metal, anak gaul, jangan diganggu ku sasaha gé, hak privasi." Barudak balad Facebook mah mun digeureuh-geureuh protesna togmol na setatus facebook.
''Cie Mom jahat, Cie Papah kolot!'' teu sieun kawalat ngagogoréng kolot dina setatus nu dibaca ku balaréa téh. Moal aya nu ngaharu biru, ngungkab eusi haté naon baé bébas dibudalkeun dina setatus facebook. Nu simpati mah resep sok nga-like, misuka, atawa nu mairan ku komen pangpangna babaturanana nu sanasib, dibakutet aturan itu inih, enya babaturan SMP-na atawa sobat anyar pinanggih boh nu ngahaja meunang nga-add atawa nu norojol sorangan ngajak berteman.
Tapi si mamah setreng pisan, idem dito jeung si papah nu sok wani kurutuk-karatak kana kantong paragi sakola.
''Nit, SMS ti saha maké aya sayang-sayangan sagala, sayang manuk?'' Si papah mariksa eusi SMS kotak masuk. Sial, can kaburu dipupus.
''Ih, Si Papah jahat, ti temen Nita atuh!'' Ngagadeud.
''Temen apa temen?''
''Ih, Si Papah mah!''
''Awas, belajar nomber one. Kalau ketahuan Papah, Nita tos pacaran can waktosna, awas!''
''Ok!'' Haténa mah ngagendok.
Sakapeung mah Nita hayang protés ka si papah jeung si mamah téh, naha ulah-ulah teuing punya pacar, apan batur oge baroga kabogoh. Meureun mana kitu gé diidinan ku kolotna teu cara Nita, HP kudu bébas tina kecap sayang, dinsay (dinda sayang), I love you, miss you nu ceuk si mamah mah rayuan gombal cenah. Padahal mah kecap-kecap éta téh mani sok ngahudang rasa, ningtrimkeun batin.
Nu matak, basa demam FB dina HP, Nita asa meunang cukang geusan meuntas. Resep mukaan profil lalaki nu karasép, terus sosobatan, terus...ah, pokona mah facebook téh éndah, endah pisan. Angot basa ningali potret profil saurang lalaki kasép, giak wé Nita nga-add. Kacipta, di ditu téh si itu maca. Nita Puspitasari ingin berteman dengan Anda.
''Makasih konfirmasinya ya,'' tulis Nita dina inbok.
''Sama-sama cantik," cenah. Disebut cantik Nita mani ngajumbul. Hatena ratug, jawab entong, jawab entong. Piraku nu muji teu dijawab. Gancang nyieun jawaban, ''Makasih lagi cantiknya!'' belenyéh imut sorangan.
''Kok ga nyebut cakep?'' ceuk si itu dina inbok kénéh.
''Ih ningan mani hayang dipulang pamuji deui?'' kereteg haténa. Diantep heula inbok téh hayang ngulinkeun.
Sérélék daptar setatus dibaca hiji-hiji. Rupa-rupa tulisan kabaca, ti nu sopan nepi ka nu nyarebutan ngaran-ngaran sato. Dunya FB estuning bebas sakahayang.
Unggal poé sok teu sabar hayang geura muka FB. Sakalieun jaringan ngadat, dunya asa kiamat, siga moal panggih deui jeung manéhna, siga lalaki nu méjéng dina profil kacida gantengna téa.
Basa ulang taun Nita, diémbarkeun dina FB, Nita meunang pangbagéa, kaasup ti si kaka, kitu Nita nyebut lalaki sobat anyar nu geus niruk jajantungna téh.
''HBD cantik, panjang umur, rajin belajar, dan berbakti pada kedua orangtua,'' cenah.
Nita imut, bungah dipangdungakeun mani alus pisan. Si papah jeung si mamah mah harianeun. Lat wé kana tepung taun anak teh. Nita mani asa diperhatikeun ku si kaka nu kadieunakeun mah sok nyebut dinsay. Anéhna Nita atoh disayang-sayang ku si kaka téh. Teu cara ku Si Jono, mani najis disayang-sayang teh. Naon budak pangedulan mani keukeuh ngajak pacaran. Tokblak wé Si Jono téh diputus sapada harita, embung deui panggih. Resep keneh jeung si kaka dina facebook, keur ganteng téh bageur, perhatian, rada begér saeutik mah baé wé da Nita na ge suka. Kembang-kembang tresna munggaran ligar.
''Maacih doanya ya Ka!'' jawabna dina inbok da si kaka gé ngirim pangwilujeng téh di dinya.
Ti dinya mah mindeng chat, ngawangkong. Nita brukbrak cacarita sagala rupa, katurug-turug si kaka nu ngaku asma Jaka Wiguna téh mani sok alewoh deuih, najan ukur tatanya nu umum. Siga sakola di mana, kelas sabaraha. Teu nanyakeun boga kabogoh acanna. Mun eta nu ditanyakeun, Nita rék ngajawab, ''Teu acan!'' ku jawaban kitu, dipiharep si kaka téh jadi kabogohna da geus sidik pikaresepeun diajak ngawangkong teh, angot lamun geus ngabojég, lah mani resep da. Mun teu dicaram mah da di sakola gé hayang muka FB.
''Apan kamu teh dilarang pacaran Nit?'' Aya pananya jeroeun dada Nita. ''Ah nurut teuing papagah kolot?'' dijawab kontan harita keneh. Saged rék muka lambaran hirup anyar, hayang boga kabogoh siga Si Susi, Si Resti, Si Neneng, jeung nu sejenna. Pan di sakola gé mani sok pagégéyé.
Angot da si kaka téh sok tulaten mun dicurhatan. Teu cara si papah, sakalieun dipuntangan PR gé kalis ku ngajawab cararapé. Si kaka mah sok mantuan ngeusian PR, pinter deuih ah. Moal gaplah mun jadi gunung pananggeuhan téh.
Najan kitu, Nita hayang nyaho jero-jerona haté si kaka ku cara uji kasatiaan, ngirim quis. Di antarana, togmol nanya, saha Nita keur anjeun? Naon ngaran kadeudeuhna? Naon kakurangan jeung kaonjoyan Nita keur anjeun? Mun kudu papisah, naon nu bakal karasa ku anjeun.? Ditungtungan ku nada ancaman: Awas, jawab nu jujur!
Ku si kaka diajawab satarabasna nu matak ngareugreugkeun haté Nita. Pamustunganana, kayid rék ngayakeun ketemuan.
''Dinsay, jangan nyesel nya kalo kita dah ketemuan téh!'' ceuk si kaka na inbok. Nita tiba imut.
''Nggak lah, masa mo ketemu pangeran nyesel, justru kaka jangan nyesel lihat Nita apa adanya.''
Poé tadi, kabeneran aya pancén PR ti sakola nu kudu diteangan dina internet. Rérés migawé PR, dak dumadak inget ka si kaka nu poe isuk rék ketemuan di BIP. Hayang sidik saha-sahana Jaka Wiguna téh da salila ieu mah Nita ukur muka FB dina henpon nu rada kawates, teu cara FB dina komputer.
Bray, FB manehna dibuka. Klik langsung kana kotak pencarian. Gutrut nulis alamat FB si kaka. Unggal bagéan dibuka kalayan telik. Lebah maca profil, titi mangsa kalahiranana, Nita ngajenghok sabab geuning geus kolot, payus disebut si abah-abah, si aki-aki, da umurna gé mun téa mah enya sakitu, saluhureun si papah.
Haté Nita mimiti mentegeg, pirang-pirang pananya rajol na uteukna. Ningali potret mah siga ngora kénéh, kitu lah mahasiswa. Tapi tanggal lahirna kacida ganjor. Mana nu bener? Ngan hing wé Nita ceurik.
''Nit, napa kamu?'' tanya Rina nu marengan ngenét di kotak sabeulahna.
''Ga apa-apa,'' ngabohong.
Ceg kana HP, gutrut nulis na SMS ngarah kabaca ku si itu, da kajaba dina FB teh sok kontak via SMS.
''Ning kaka téh udah tua?''
Bari ngadagoan jawaban, haté Nita ngadulag, nu diarep-arep mah potret si kaka nu bener téh, enya potrét mahasiswa, terus tanggal kalahiranana mah ngawadul alias jijieunan da ningan bisa dibohongan FB teh. Bébas rék nulis ngaran naon wae oge atuh poto bisa poto saha bae ogé. Tapi teu kurang-kurang anu jujur yen potona bener éta, tanggal lahirna ogé nya kitu.
''Emang! Trus, kalau udah tua mau apa?''
Meg kana jajantung Nita aya nu nurih, peurih ngagetih! Yakin, si itu teu ngabustam, hartina hubungan kudu ditunggel jangga sapada harita, najan katineung jeung harepan gumulung keneh na lelembutanana.
Harita kénéh komputer di-close. Gura-giru balik. Sajajalan dina angkot cakueum. Diguliksek ku Rina, patah hati ku saha? Ukur gideug, tapi haténa ngocomang, ''Dinyenyeri aki-aki aku téh Rin!''
Datang ka imah kantong dibabétkeun, blak panto kamar dibuka, blug dijablogkeun. Bébas da si papah suwung, si mamah keur ngajemput si adé.
Segruk ceurik deui. Ceurik munggaran alatan disasaak tresna nu karasana matak peurih lain di kieuna. Kolebat si aki-aki nu pinter ngarayu dina facebook, kolébat si papah nu papagah, jangan dulu pacaran sebelum waktunya. Bener pah, bener!
''Pileuleuyan Facebook!'' Nita kayid moal rek muka deui FB saméméh boga haté waja keur nyanghareupan gogoda tresna.***

Sumber : Majalah MANGLE
Tidak ada komentar:
Posting Komentar