Jumat, 10 Januari 2014

Pantun/pepeling



Aya nu datang ti Cibarusah.
Eta meuni loba mawa kentang. 
LAMUN URANG KEUR MEUNANG KASUSAH. 
KA ANJEUNNA URANG KUDU MUNTANG..

 
Saha nu hayang cau raja, sok meuli di kebon kalapa.
Mun urang hayang meunang bagja, tong jolédar ka indung bapa. 


Meuli cangkudu ka Citatah, meuli hurang di Cisanggiri.
Kudu bisa miara létah, ngarah urang salamet diri.
Lamun rek ka talaga, tong poho ajak si Bugi.
Lamun urang geus boga, tong poho kudu babagi. 

Awi gombong ti Luragung, ka sawah patutur-tutur.
Ulah sombong tur adigung, ngarah hirup loba batur. 

Daun salasih ngareluk diseumat ku awi beulah Nu asih ka pada mahluk dirahmat ku Gusti Alloh. 

Meuli pitik ti Cipatik, nyiar salak ti Cibadak.
Atik diri ti leuleutik bina ahlak ti bubudak. 

Sing sabar dina enggoning ngajalankeun ikhtiar. Gede jeung leutik hasil anu ku urang katarima,Tarimakeun kalayan pinuh ku rasa sukur kanu Maha Agung.

Urang teu kedah nganaha-naha. Sagala rupi nu tos tumiba.  Komo bari jeung aral subaha. Eta teh kersana nu Kawasa. Urang tampi sadaya takdirNa

Huhujanan ngangon meri, ngiuhan di beulah wétan. Pageuhan iman 'na diri, sangkan teu kagoda sétan." 

Mun rek ka Pasirkaliki, tong poho mihape ragi. Mun maneh meunang rejeki, tong poho kudu babagi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar