Jumat, 31 Januari 2014

Piwuruk 2





Hanjakal mah datangna tara ti awal, tapi pandeuri kadang sok bari mawa kanyeri.

Allah maparin ampunan ka sing saha wae jalmi anu tobat.




Mung jalmi nu gagaduhan takwa sareng iman, nu bakal kenging barokah sareng magfiroh ti Gusti Nu Mahasuci.

Sirik pidik jail kaniaya, paripolah nu kedah ditebihan ku urang. Kajabi diwagel ku agama, sikep modél kitu téh teu ngntungkeun malih ngarugelkeun.

Sumujud kedah ka Alloh, wiridan ku asma Alloh, urang muntang mung ka Alloh, Maha Suci Gusti Alloh.

Mun dinten ieu urang kénging katugenah, percanten ka Alloh mugi énjing urang kénging kabungah.

Urang ti suksruk ti dungdung sibuk neangan dunya nepi kapoho keur pibeukeulan urang hirup di kalanggengan. Urang hirup di dunya moal lana.

Kade jaga eta letah, sabab mindeng mawa salah, seukeutna leuwih ti pedang, raheutna matak gudawang.

Naha ari tos diijabah sapaneja do'ana sok hilap kana syukuran ka Allah SWT.
Jalmi seuseurna upami nuju nampi kabagjaan sok hilap kanu masihanna.

Sok sanajan mung sakedik, pasihkeun wé naon nu ku urang tiasa dipasihkeun. Upami éta aya mangpaatna kanggo jalmi sanés.

Mung ka Alloh SWT urang neda pangampura tina sagala dosa nu karasa sareng nu teu karasa.

Tinimbang seueur ngangluh teu puguh mah langkung saé ngaraketkeun diri ka Alloh geusan miharep pitulung sareng karidoanaNa...

Mumpung urang masih aya di alam dunya, jieun kahadean saloba-lobana. 

Jadikeun diri urang anu manfaat boh keur diri sorangan boh keur batur.

Alloh moal ngantep umatna nandangan kanyeri. Anjeunna ngagaduhan landong sagala kanyeri lahir binarung batin.

Urang kudu pangger dina kaihlasan jeung urang kudu yakin teu samata-mata Alloh nibankeun hiji cocoba mun taya hikmahna.

Sakumaha beuratna hirup urang, urang ulah mopo di tengah jalan.

Jalmi seuseurna upami nuju nampi kabagjaan sok hilap kanu masihanna.

Ulah seuri pédah eu­keur nanjak sabab tangtu bakal mudun, ulah adi­gung pédah urang keur jaya, sabab jelema mah aya sialna.

·        Teu salawasna jalan hirup urang aya dinu datar, tangtu bakal pinanggih pudunan jeung tanjakan. Kudu dilakonan sakumaha kaayaanna.

·        Urang kudu sabar dina keur kurang, tong adigung dina keur beunghar.

·        Urang leuwih babari dina ngalakonan hirup, mun urang narima naon nu dipasihan Alloh, tibatan terus ngarasula kana nasib urang...

·        Kadang urang babagi téh lain pédah urang boga loba, tp urang geus ngarasakeun kumaha rasana mun teu boga.

·        Lamun urang terus ngarasula kana rejeki nu ditarima, salilana hirup urang moal ngarasa cukup.

·        Saenyana pngutamana usaha nyaéta usaha ku leungeun srangan,jeung ari kdaharan anu pngalusna nyaéta,kdaharan anu meunang hsil usaha sorangan.

·        Mun hareupeun urang ngomongna hadé, tp tukangeun mah sok ngaléléwé. Anu kitu mah tong dijadikeun sobat, sabab mindeng ngahianat.

·        Eling-eling dulur kuring, sing bisa ngaping ngajaring, sangkan urang tetep eling, ka Alloh Nu Maha Wening.

·        Taya daya, taya kakuatan, anging kalayan widi Mantenna Alloh Nu Maha Agung.

·        Tangtos Alloh nalingalikeun naon anu ku urang pidamel, kumargi kitu urang kedah isin pami urang badé midamel dosa.

·        Sobat nu bener-bener sobat mah katempo waktu urang keur susah...

·        "Teu aya deui Pangéran anging Salira Gusti, Maha Suci Gusti, saéstuna jisim abdi kalebet ti golongan anu zalim"

·        Hiji hal anu teu acan urang pidamel, katingalina mustahil. Urang nembé yakin saatos urang tiasa ngalampahkeunna kalayan hasil nu saé.


·        Hayu urang tingkatkeun kualitas iman sareng takwa urang, margi iman sareng takwa téh pangsaé-saéna bekel kanggo urang mulang ka ahérat.

·        Manusa mah mung tiasa ngadu'a sareng ihtiar, sadayana Alloh nu kawasa.

·        Alloh tangtos ngabales kasaéan urang. Janten tong ngaraos rugi upami urang babagi ka sasama.

·        Kanyaahna nu jadi indung tara lipur ku waktu, tara pernah laas ku mangsa..

·        Euweuh gunana urang ngarasula. Percumah urang nyalahkeun batur. Hirup urang mah tanggung jawab urang. Hirup kudu terus dilakonan.

·        Namung henteu saban jalma dina nyanghareupan ujian éta bisa lulus, gumantung kana mampuh jeung henteuna nyanghareupan éta ujian.

·        Musibah kahirupan jeung bencana alam éta bisa jadi adzab pikeun jalma anu kupur, tapi jadi ujian pikeun jalma anu ariman.

·        Laku-lampah jelema nu hadé wajib ku urang ditiru, tapi laku-lampah jelema nu goréng matak mawa goréng ka saréréa...

·        Mun urang boga dosa ka nu Maha Kawasa, geuwat geura tobat. Mun urang boga dosa ka sasama, geuwat geura ménta hampura.

·        Raheut di awak urang bisa gancang cageur, tapi raheut na haté teu bisa cageur dina itungan poé, ngan KAIHLASAN nu bisa nyageurkeunana..

·        Saestuna Sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi oge maot abdi eta sadaya kagungan Allah Pangeran sadaya alam.

·         Moal aya jalmi anu salamet dina enggoning nampi ujian sareng dodoja ti Alloh, salian ti jalmi anu teguh iman sareng sampurna takwana...

·        Upami hiji jalmi nyeueurkeun sareng ngabiasakeun midamel kasaéan, mangka mingkin kabuka panto-panto kasaéan nu sanés.

·        Musibah nu tumiba ka urang sadaya, éta teh panginten kanyaah ti Alloh. Sok sanajan karaosna nyeriii..

·        Omongan urang nu samanéa bisa jadi sumber pacékcokan. Sing asak pikir mun rék ngomong!

·        TAKWA téh nyaéta pangsaé-saéna bekel urang, jaga mun urang mulang...
·        Urang kedah pasrah sareng rido naon anu tos tumiba ka diri urang. Kumargi hirup sareng pati Allah nu nangtoskeun..

Allah mikacinta ka jalmi nu getol ihtiar. Allah ge mikanya'ah ka jalmi nu lèkèt kana ibadahna.

Saenyana Maha Suci Gusti Alloh,dina panangan Anjeunna kakawasaan kana sagala2na; jeung ngan ka Anjeunna mranéh bakal dipulangkeun.Yasin:83

Cocoba téh hiji ujian nu kudu dtampa klayan sadrah,ikhlas,urng kedah yakin, yén Alloh baris nggentosan ku mangrupa rahmat sreng kani’matan.

Ihtiar jeng ngadu’a supados sagala urusan urang tinekanan. Pasrahkeun ka nu Kawasa.

Rejeki ti Alloh teu tiasa diétang, panto-panto rejeki kacida seueurna, urang kedah milari konci kanggo mukakeunna..

Dunya téh tempat urang nyimpang nu di jerona loba réka perdaya nepi ka loba jalma nu poho kana tujuan nu sabenerna.

Alhamdulillah nun Gusti abdi masih dipaparin hidayah kanggo midamel kasaéan nulungan sasama.

Naon anu dipiboga ku urang ayeuna, ngan sakadar titipan. Awal ahir bakal balik deui kanu kagungannana.

Alloh tngtos maparin berkah kana rejeki urang,upami urng ngengingkeunna didasarkeun ku kaimanan sreng katakwaan yen rejeki teh leres2 halal.

Panangan nu maparin langkung sae tibatan panangan nu namprak...

Ari ciri jalma anu munafik teh aya tilu, upama nyarita manehna bohong, upama janji manehna mungkir, sareng upami diamanatan manehna sulaya.

Iman sareng amal soléh anu subur dina diri hiji jalmi, baris ngadongkapkeun rohmat atawa kahéman ti Alloh.

Kamulyaan hiji jalmi téh teu ditangtoskeun ku jumlah harta bandana tapi ditangtoskeun ku katakwaanana ka Alloh Swt...

Unggal jalmi tangtos kantos midamel kalepatan, namung sakedik anu ngangken kana kalepatanna.

Jalma nu hadé téh lain jalma nu teu boga dosa, tapi jalma nu hadé téh jalma nu gancang tobat tina laku lampah dosana.

Mun urang teras ngémutkeun naon nu tos kalangkung, urang moal ningali naon nu aya dipayuneun urang…

Laku lampah urang nu saé atanapi nu awon tangtos aya balesanna ti Alloh.Tong lirén urang midamel kasaéan. Amal mah moal paliron.

Cobaan nu tumiba ka diri urng hakékatna mah hadé pikeun urng,nyaéta pikeun nyampurnakeun iman urng jeung nyaketkeun diri urng ka Alloh.

Hiji jalma meunang hidayah kusabab pageuh muntangna ka Alloh Swt.

Urang tong miwarang hiji kasaéan, namung urang nyalira henteu ngamalkeunna.

Jalma nu TAKABUR nyaeta jalma nu nolak bebeneran, ngahina manusa jeung ngarasa dirina leuwih hadé tinimbang kalolobaan mahluk Alloh Swt.

Pikeun jalma mu’min kudu éling kanu Maha Agung, neda kanu Maha Kawasa, sangkan hirup teu ka bawa kusakaba-kaba.

Ulah ngajak batur sangkan beresih ari diri sorangan lamokot ku kokotor...

Ulah nalangsa mun keur sangsara Ulah balaga mun keur loba harta
Tong hade dihareupeun, tapi ngagogoreng mun ditukangeun...

Sadaya amal kasaéan urang upami disarengan ku RIYA, tangtos ical éta kasaéan téh.

Tos sakedahna urang sadayana nyukuran kana pirang pirang kanikmatan ti gusti anu maha loma tur mikanyaah...

Mun urang sabar mayunan dodoja, tangtos dipikaasih ku nu kawasa.
Langkung saé masihan tinimbang dipasihan…

Mun urang keur boga, loba batur, loba baraya, loba nu loma. Teu cara keur susah, sobat ngejat, dulur lumpat..

Papait nu kapungkur,tunggara nu mangkukna,kasedih nu kamari,tong diémut2 deui.Tos waktosna nyampeur kabagja,tos wayahna ninggali kapayun…

Sadaya aktifitas urang, ku urang kedah diluyukeun sareng katangtosan Alloh...

Urang moal milampah ma’siat mun urang wanoh sareng Alloh. Saleresna anu janten sumber dosa téh urang teu wanoh sareng Anjeunna….

Sgala ni’mat nu dtarima ku urng sdya asalna ti Alloh,slajengna wktos dtibanan kamadharatan,mung ka Anjeunna urng pnunuhun pitulung.

Kahirupan téh anugerah anu utama ti Alloh nu maha kawasa.

Hate manusa téh ibarat bénténg, ari sétan téh musuh nu salawasna ngadodoho pikeun ngawasa bénténg éta..

·        Sabar anu sampurna nyaeta sabar anu henteu nembongkeun sikep luh-lah sareng ngarasula.

·        Ageung alit rejeki nu katampi dinten itu, tong hilap urang kedah ngucap sukur….

·        Upami urang nebihan masalah, tiasa janten malih nambahin masalah …

·        Abdi nyanggakeun sadaya dosa nu tos dipilampah. Mung hiji anu ku abdi dianti-anti pangampunan ti Anjeun.

·        Mun urang hoyong hasil dina hiji hal, urang kedah nyonto ka jalmi nu tos hasil sateuacanna....

·        Pangalaman hirup urang tiasa maparin palajaran pikeun urang…

·        Langkung sae milari jalan kanggo mereskeun masalah urang tibatan nyamikeun sareng masalah batur. Unggal jalmi gaduh masalah sewang2.

·        Mung ka Alloh abdi wantun ngbagi rasa,nembrakkeun kanyeri sabab Anjeunna nu langkung surti sareng mung Anjeunna nu tiasa ngalandongan kanyeri.

·        Musibah nu tumiba ka diri urang, eta teh sadayana kersaning Alloh. Candak hikmahna. Mugi2 urang sing kiat dina mayunanna.

·        Sikep jalma Mu'min, dina masalah ngado'a sakuduna dilakukeun nalika keur susah atawa keur bungah.

·        Urang hirup didunya téh moal lana, tong sok adigung kabina-bina..

·        Masalah teh sakapeng janten Musibah. Urang kedah yakin, tangtos aya Hikmah sareng mugi ngadongkapkeun Berkah.
 
·         Kudu ngucap sukur dina mangsa urang keur susah. Di mangsa éta urang bisa kuat….

·         Urang tong hariwang, upami Alloh maparin kasedihan ka urang tangtos aya kabagjaan saatosna...

·         Salami urang tiasa babagi ka sasama. Tong liren urang babagi. Panginten tidinya ayana rejeki nu ageung teh.

·         Ari nu namina sobat mah moal ninggalkeun urang, mun urang keur susah..

·         Seueur jalmi nu cilaka lantaran tina cariosanna. Nyarios teu di émut heula, tangtos hanjakal ahirna.

·         Sadaya pépéling ti anjeunna teh nyaéta du'a sareng mangrupa kanyaah ka pala putrana... 

·         Disiplin teh jalan nu ngahubungkeun urang jeung KASUKSESAN.

 
·         Waktos urang ngarandapan musibah, urang kedah yakin yén tangtos aya kabagjaan nu ngantosan urang.

·         Kaimanan téh jadi poko utama dina ngajalankeun ibadah. Mun euweuh iman, ibadah urang jadi sia-sia.

·         Sadaya nu aya tur dipimilik ku diri urang téh, sadayana éstu titipan ti Gusti Nu Mahasuci.

·         Upami urang gaduh kasabaran nu ageung, tangtos urang tiasa mayunan cocobi nu sakumaha beratna. Mugia…

·         Jalmi nu ihlas tiasa mayunan sagala rupi ujian kahirupan kalayan énténg. Sanes anjeunna kiat, namung Alloh nyarengan lengkah jalmi nu ihlas.

·         ANJEUNNA aya, sanés waktos urang nuju ngadu'a. ANJEUNNA aya dina unggal waktos, unggal kaayaan, unggal tempat. ANJEUNNA nu nyarengan urang.

·         Teu salamina urang ngéngingkeun naon nu dipikahoyong, kukituna urang kedah diajar nampi naon anu tos janten milik urang.

·         Wktos urang putus asa, pikirin urang katutup teu ningali yén seueur pisan jalan kaluar pikeun masalah urang.Padahal mah aya Alloh nyarengan.

·         Ihlas téh sesah, namung upami urang teu ihlas langkung sesah deui..

·         Amal urang nu alit nu dipinuhan ku kaihlasan tiasa ngéléhkeun amal nu ageung tapi bari teu disarengan ku kaihlasan.

·         Jalmi nu ihlas mah tara kantos aral subaha, anjeunna nampi naon-naon anu dipaparin nu Maha Kawasa.

·         Kabagjaan téh nyaéta, urang tiasa nulungan batur sanajan urang nyalira nuju kakirangan…

·         Mugi-mugi urang kalebet golongan anu lulus tina ujian Alloh swt.Tur urang tiasa salamet tina ujian nu tos ditangtoskeun ku Alloh ka urang.

·         Ngado'a sakuduna dilakukeun nalika keur susah atawa keur bungah. Sakumaha dawuhan Rosululloh Saw."Do'a téh minangka sungsumna ibadah".

·         Mun jalma geus teu bisa ngajaga létahna, hartina kaimananna geus leungit.

·         Saenya-enyana Allah baris marengan jalma-jalma nu milampah kahadéan...

·         Ngajagi sareng nyimpen rusiah, nyumponan amanat, ngajagi lambey tina cariosan awon, eta teh kalebet sabar.

·         Mangsa nu geus kaliwat tong dipopohokeun, tapi jadikeun palajaran pikeun nyorang pikahareupeun nu leuwih endah.

Langkung saé upami urang midamel kasaéan teu aya nu ningali, supados ngalatih diri urang pikeun ihlas…

 Mangkin seueur urang tiasa ngabantu sasama, mangkin gampil urang pikeun ngarasakeun kabagjaan..

 Ageung alit rejeki nu katampi dinten ieu, urang kedah seueur ngucap sukur... Alhamdulillah…

 Dua lampah awon anu kontan ditibanan hukuman ku Alloh jeung ditingalikeun di dunya, jinah jeung jolédar ka sepuh.

 Kabagjaan téh sanés mung seueurna harta. Kabagjaan téh ayana dina haté urang nu teu weléh ngucap sukur naon nu dipaparinanNa.

2 komentar: