Saéstuna Gusti Alloh
teu ningali kana rupa jeung wangunan badan aranjeun, tapi Mantenna ningali kana
haté jeung amal aranjeun.(HR.Muslim)
Anjeunna nya Nu Awal
nya Nu Ahir, nya Nu Dlahir nya Nu Batin, sarta Anjeunna Maha Uninga kana sagala
perkara." (QS. Al-Hadīd: 3)
Saéstuna saban-saban
jiwa téh aya anu ngaraksana." (QS. Ath-Thāriq: 4)
Saéstuna jalma-jalma nu
ariman jeung migawé amal soléh, maranéhna dipaparin sawarga Firdaus pikeun
pamatuhanana" (Al-Kahfi: 107)
Sing saha nu hoyong du’ana dikabulkeun sareng
dibébaskeun tina kasusahan urang kedah méréskeun kasusahan hiji jalmi. (HR.
Ahmad)
"Alloh, henteu aya deui pangéran kajabi Mantenna. Anu
jumeneng, anu teras-terasan ngurus (mahluk-Na)." (QS. Ali Imran: 2)
"Masing Ikhlas
anjeun dina ngajalankeun (amaliyah) kaagamaan anjeun, maka amal anjeun nu
saeutik bakal jadi cukup pikeun anjeun" (Al-Hadits)
Lamun anjeun béda
pamadegan ngeunaan hiji hal, mangka pasrahkeun eta msalah ka Alloh (Al Qur’an)
jeung ka Rosul (sunnahna).(QS An-Nisaa: 59).
Saenyana Maha Suci Gusti
Alloh, dina panangan Anjeunna kakawasaan kana sagala2na; jeung ngan ka Anjeunna
maranéh bakal dipulangkeun.Yasin:83
Dawuhan Rosul : Moal
asup sawarga jalma nu dina haténa aya sakeprul rasa takabur, atanapi (mung paripaos)
sagede siki sawi.
Sing saha jalma anu
ngabalieur tina pépéling Kaula, mangka pikeun maranéhna bakal ngalaman
kahirupan anu heureut.(Surat Thoha ayat 124)
Dawuhan Allah: Jadi
ni'mat Gusti anjeun nu mana nu ku anjeun diapilainkeun? (Q.S. Ar Rakhman, 9:
18).
Jalma mumin lain tukang
ngahina atawa nyacampah atawa goréng létah.'' (HR Turmudzi)
Dawuhan Nabi SAW:
"Henteu aya amal pagawean Anak Adam anu leuwih nyalametkeun tina azab
Allah, anging dzikrulloh". (HR.Ahmad).
Sautama-utamana
sedekah, nyaeta di bulan Romadhon. (Hr. At. Tirmidzi)
Dawuhan Allah SWT :
“Geura prak menta tulung (ka Kami) ku jalan sabar jeung ngadu’a.” (Al-Baqarah
:45)
Sing inget ! Ngan ku
jalan éling ka Allah haté (manusa) jadi tengtrem (QS.Ar-Ra'd:28)
Dawuhan Rosululloh saw.: “Dunya téh pepelakan-na
akhérat”.
"Sing saha anu
ngalampahkeun amal kahadéan snajan ngan sabobot kebul,psti manéhna bakal nénjo
amal hadéna."QS.Al-Zalzalah:7
Dawuhan Rosululloh saw.: “Panghadé-hadéna
Manusa nyaéta nu dipaparin panjang umur ku Alloh bari hadé dina laku lampah-na”
Sarta Alloh sakali-kali
moal mundurkeun pati hiji jalma lamun geus datang ajal/waktuna. (Al-munafiqun:
11)
“Beunghar lain diukur ku lobana keméwahan
dunya. Tapi beunghar (ghina’) nyaéta haté anu teu weléh ngarasa cukup.” (HR.
Bukhori)
: Saestuna jalma2 nu
ariman, tur ngalampahkeun amal soleh, maranehna mahluk anu panghade-hadena
(Al-Bayyinah: 7)
Maranehna meunang
ganjaran tina kahadean anu di pagawena jeung maranehna meunang siksaan tina kajahatan
anu dpigawena(2;286)
"Saenyana dina
kasusah aya kabungah; Jeung saenyana dina karipuh aya kasenangan." (QS.
Al-Insyirāh: 5-6)
Kajaba jalma2 anu tobat
j migawé kahadéan, nya saéstuna, Alloh Mha Jembar Pangampura, sarta Mha Welas
Asih;QS. Ali Imran: 89
Di mana waé aranjeun aya, pati pasti
baris manggihan anjeun, sanajan aranjeun aya di jero bénténg anu luhur tur
weweg.” (An-nisa`: 78)
Alloh mikacinta ka
jalma mumin anu resep gawé bari soson-soson dina usaha nyiar kurnia. (HR
Thobroni/Baihaqi)
Rosululloh Saw.
ngadawuh: Saéstuna sahna sakabéh amal gumantung niatna.
''Hé, jalma-jalma nu
ariman, jauhan karéréaan tina goréng sangka, saéstuna sabagéan prasangka téh
kaasup dosa.'' (Surat Al Hujurot: 12)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar