Jumat, 31 Januari 2014

Piwuruk 2





Hanjakal mah datangna tara ti awal, tapi pandeuri kadang sok bari mawa kanyeri.

Allah maparin ampunan ka sing saha wae jalmi anu tobat.




Mung jalmi nu gagaduhan takwa sareng iman, nu bakal kenging barokah sareng magfiroh ti Gusti Nu Mahasuci.

Sirik pidik jail kaniaya, paripolah nu kedah ditebihan ku urang. Kajabi diwagel ku agama, sikep modél kitu téh teu ngntungkeun malih ngarugelkeun.

Sumujud kedah ka Alloh, wiridan ku asma Alloh, urang muntang mung ka Alloh, Maha Suci Gusti Alloh.

Kamis, 30 Januari 2014

Takwa, Nyegah Tina Lampah Dosa

Inti tina sadaya urang ngabdi ka Gusti Alloh Swt, nu Maha Suci, teu aya sanés iwal  milari “katakwaan” ka Mantena. Sok sanos dina jaman kiwari, seueur gogoda nu sakitu ageungna, tapi tetep milampah takwa ulah kagoda. Takwa kudu nerap dina diri urang salawasna. Cek paribasa, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, ngalampahkeun takwa mah teu pédah jaman robah. Sabab, dikukumaha ogé, da éta tujuan urang hirup di dunya.

Hadist/Ayat Al Qur'an




"Saéstuna saban perkara ogé ku Kami geus diyugakeun kalawan maké ukuran." (QS. Al-Qamar: 49)

Saéstuna Gusti Alloh teu ningali kana rupa jeung wangunan badan aranjeun, tapi Mantenna ningali kana haté jeung amal aranjeun.(HR.Muslim) 

Rabu, 29 Januari 2014

Hadé Sangka Kana Aturan Alloh Ta’ala

AL-HAMDULILLAH  sagala puji sareng syukur urang sanggakeun ka Alloh Robbun Ghofur. Urang parantos dipaparin kani’matan hirup dugika urang tiasa nyumponan sawaréh tina kawajiban urang ka Alloh, sabab henteu saban jalma anu dipaparin kaséhatan awak bisa ngaléngkahkeun sukuna ka masjid.
Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, kulawargana, para sahabatna katut jalma-jalma anu nuturkeun sunnahna dugika ahir jaman.

Senin, 27 Januari 2014

Mugia Janten Lenyepaneun

Kahirupan di alam dunya mun seug ku urang dititenan bari ditafakuran, estu henteu sepi tina dua kamungkinan nu bakal karandapan, nyaeta kabungah reujeung kasusah. Dua hal ieu teh bakal gilir gumenti ka tiap manusa nu hirup kumelendang di alam dunya  dina ngarandapannana.

Mun seug aya diantara jalma, teu nutup kamungkinan urang sorangan, boga anggapan yen hirup teh bagja salilana, bungah salawasna, atawa sabalikna, hirup teh susah salawasna, sangsara salilana. Ieu anggapan atawa ieu pamadegan teh kacida salahna.

Kamis, 23 Januari 2014

Pileuleuyan Facebook


HENPON dibeubeutkeun ku Nita satakerna. Untung teu nanaon da dibeubeutkeunana gé kana kasur. Aya kalebar mah da butuh kénéh meureun.
Sirahna nyusup kana kasur diheumpikan guguling. Teu kaampeuh cimatana budal, segruk ceurik mani eueuriheun. Sabisa-bisa ditahan bisi kadéngéeun ku si mamah.

Rabu, 22 Januari 2014

Teu Pira Ukur Sakarung

Khalifah al Hakam II,  keur nanjung kawasa di Cordoba, Andalusia (950 M). Ngarasa kataji ku hiji lahan di pasisian. Lega, rata. Cukup keur pitempateun karaton pangreureuhan. Pernahna di lamping pasir nu nampeu ka talaga ngemplang. Caina canébrang hérang. Dipapantes ku al Hakam II, mun ngadaweung dina balkon karaton, digéndéng ku prameswari. Nyawang kaayaan alam sakitu asrina. Tada temen kageugeut jeung kadeudeuh minuhan dada duan nu keur kalebuh dina sagara cinta.

Selasa, 21 Januari 2014

Nyingkahan Godaan Sétan

Najan jero bulan Romadon sétan katut kulawedetna dicangcang sapageuh-pageuhna rupa-rupa kamasiatan kawas taya sudana. Upamana warung nasi, rumah makan jeung réstoran angger réa nu muka usahana ti isuk-isuk. Tempat-tempat hiburan loba nu teu nolih kana aturan agama sarta darigama. Tempat-tempat nu nyéwakeun kaulinan saperti ‘play station’, ‘games online’, jeung sajabana teu saeutik nu ngahaja dibuka ti wayah duha. Atuh puguh baé keur nu kurang iman mah aya cukang komo meuntas.

Rabu, 15 Januari 2014

Indung




Na hate indung tangtu aya kecap HAMPURA, sakumaha gorengna kalakuan jeung sipat nu jadi anak.



Sadaya pépéling ti anjeunna teh nyaéta du'a sareng mangrupa kanyaah ka pala putrana... 

Sabtu, 11 Januari 2014

Langit Téh Teuing Ku Lénglang

Kénging Aam Amilia

AYA nu nyandet kana angen, basa nénjo Alia, pamajikan kuring ti jauhna kawas keur sasapu. Arfan, Si Cikal nu can rék adian waé, teu katénjo mapagkeun deuih. Sasarina mani jojorowokan nyebut Papap datang téh. Sabot ngonci mobil di garasi, kadéngé manéhna muka panto hareup.

piwuruk



Jalma nu soléh sok loba ngucap syukur lamun narima kanikmatan, sabar sarta tawakal lamun narima dodoja.

Lamun urang agul ku kahadéan jeung jasa urang ka batur, éta téh bisa ngaleungitkeun pahala urang.


 Teu aya nu mustahil, lamun Gusti ngawidian.



Sabenerna hirup téh éndah, mun urang teu ngajadikeunna "juwet".


Dihareupeun batur, urang tong nyirikeun keur susah, sabab euweuh gunana. Pasrahkeun we ka Allah. Mung Anjeunna nu nulungan urang.

Jumat, 10 Januari 2014

Pantun/pepeling



Aya nu datang ti Cibarusah.
Eta meuni loba mawa kentang. 
LAMUN URANG KEUR MEUNANG KASUSAH. 
KA ANJEUNNA URANG KUDU MUNTANG..

 
Saha nu hayang cau raja, sok meuli di kebon kalapa.
Mun urang hayang meunang bagja, tong jolédar ka indung bapa. 


Meuli cangkudu ka Citatah, meuli hurang di Cisanggiri.
Kudu bisa miara létah, ngarah urang salamet diri.
Lamun rek ka talaga, tong poho ajak si Bugi.
Lamun urang geus boga, tong poho kudu babagi. 

Awi gombong ti Luragung, ka sawah patutur-tutur.
Ulah sombong tur adigung, ngarah hirup loba batur. 

Daun salasih ngareluk diseumat ku awi beulah Nu asih ka pada mahluk dirahmat ku Gusti Alloh. 

Meuli pitik ti Cipatik, nyiar salak ti Cibadak.
Atik diri ti leuleutik bina ahlak ti bubudak. 

Sing sabar dina enggoning ngajalankeun ikhtiar. Gede jeung leutik hasil anu ku urang katarima,Tarimakeun kalayan pinuh ku rasa sukur kanu Maha Agung.

Urang teu kedah nganaha-naha. Sagala rupi nu tos tumiba.  Komo bari jeung aral subaha. Eta teh kersana nu Kawasa. Urang tampi sadaya takdirNa

Huhujanan ngangon meri, ngiuhan di beulah wétan. Pageuhan iman 'na diri, sangkan teu kagoda sétan." 

Mun rek ka Pasirkaliki, tong poho mihape ragi. Mun maneh meunang rejeki, tong poho kudu babagi.

Du'a basa sunda







Gusti, mugi aktipitas abdi dinten ieu dilancarkeun, tungtun lengkah abdi, sareng mugi digampilkeun sagalana. Aamiin…..


Gusti, mugi sabar sareng ihlas teh teu weleh aya na hate abdi. Hapunten abdi nu sering ngangluh mayunan ujian ti Anjeun.


 Mugi-mugi urang kalebet golongan anu lulus tina ujian Alloh swt.Tur urang tiasa salamet tina ujian nu tos ditangtoskeun ku Alloh ka urang.


Mugi Gusti nangtayungan abdi sadaya tina sagala rupi godaan setan sareng tipu daya dunya. Aamiin.

Senin, 06 Januari 2014

Kulambu Sutra


Sekar leumpang nyampeurkeun box anakna. Kulambu bulao ngora ngarumbay nuruban ranjang leutik. Disingraykeun. Bréh katempo, buah haténa keur saré ngageubra. Diteuteup pipina nu montok jeung beresih, semu beureum. Bulu panonna centik. Na tarangna buuk laleutik ngaroyom. Sekar imut. Simbut Popi dibebener.     
Luk tungkul. Tarang Popi diambungan. Kulambuna ditutupkeun deui. Tina jandéla aya angin nu nyalisir ngelabkeun tungtung kulambu. Jandéla gancang ditutupkeun. Bisi angin asup ka kamar. Ulah, Popi ulah kaanginan. Haté Ambu bakal gering lamun Popi kaanginan. 

Jumat, 03 Januari 2014

Jalan Nu Panjang


Teu karasa waktu nu disanghareupan kari dua taun deui. Taun 2015 kuring rék mungkas tugas, ngécagkeun pancén nu geus 38 taun dipajuan. Enya umur téh dua taun deui 60 meureun. Geus lila ning hirup di dunya téh. Lain teu karasa, karasa pisan lilana éta waktu. Tapi ku kasibukan digawé jeung nyanghareupan nu kudu diréngsékeun nya jadi nyérélék waktu téh.
Coba waé, unggal bulan nganti-nganti tanggal hiji. Lila ku lilana, gancang ku gancangna. Ujug-ujug geus nepi deui ka éta tanggal, dipajuan unggal bulan, dilakonan unggal taun. Ayeuna sakeudeung deui mungkas gawé. Hmm... aya kakeueung mah. Da éta cenah loba béja, kitu, kitu, kitu sanggeusna pangsiun téh. Enya cenah, ari keur digawé diarep-arep hayang geura pangsiun, ari geus pangsiun loba ngangluh; kakeunaan ku panyakit kajiwaan pasca pangsiun.

wilujeng enjing



énjing énjing nu éndah ieu tangtos karaos éndahna upami urang nyukurkeun ka Gusti pikeun ni’mat paparinanNa.. 


Moro bajing ka cilamaya, moro pesing ka cisaat. Wilujeng enjing baraya, mugi sing sarasehat ... 

Gambar Paribasa