Khalifah al Hakam II, keur nanjung kawasa di
Cordoba, Andalusia (950 M). Ngarasa kataji ku hiji lahan di pasisian.
Lega, rata. Cukup keur pitempateun karaton pangreureuhan. Pernahna di
lamping pasir nu nampeu ka talaga ngemplang. Caina canébrang hérang.
Dipapantes ku al Hakam II, mun ngadaweung dina balkon karaton, digéndéng
ku prameswari. Nyawang kaayaan alam sakitu asrina. Tada temen kageugeut
jeung kadeudeuh minuhan dada duan nu keur kalebuh dina sagara cinta.
Tampilkan postingan dengan label dongeng. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label dongeng. Tampilkan semua postingan
Rabu, 22 Januari 2014
Jumat, 10 Mei 2013
Teu Bisa Ngangles
Di hiji kota aya hiji sodagar jenenganana bapa Hamim, éta Pa Hamim sanés baé beunghar ku harta tapi ogé beunghar ku basa. Tatanggana ampir sadayana hormat ka anjeunna, margi anjeunna ogé teu weléh saé ka saha baé, teu ka nu beunghar teu ka nu miskin, disamikeun tara diwilah-wilah.
Diantawisna tatanggina aya hiji wakil direktur pausahaan anu kasohor ageungna ari jenenganana Pa Bahrum.
Antawis Pa Hamim sareng Pa Bahrum tiasa ogé upami disebat sosobatan margi sering sok katingal éta dua kulawarga téh silaturahmi, tur silihanjangan.
Langganan:
Postingan (Atom)

