Jumat, 10 Januari 2014

Du'a basa sunda







Gusti, mugi aktipitas abdi dinten ieu dilancarkeun, tungtun lengkah abdi, sareng mugi digampilkeun sagalana. Aamiin…..


Gusti, mugi sabar sareng ihlas teh teu weleh aya na hate abdi. Hapunten abdi nu sering ngangluh mayunan ujian ti Anjeun.


 Mugi-mugi urang kalebet golongan anu lulus tina ujian Alloh swt.Tur urang tiasa salamet tina ujian nu tos ditangtoskeun ku Alloh ka urang.


Mugi Gusti nangtayungan abdi sadaya tina sagala rupi godaan setan sareng tipu daya dunya. Aamiin.


Mugi Allah mparin abdi hikmah kanggo masalah abdi. Mugi Allah maparin kakiatan kanggo lengkah abdi. Sareng mugi abdi aya di jalan ANJEUN. Aamiin

 
Mugi-mugi hidayah nu tos ngancik di diri urang sing tetep ayana, dikiatkeun ku Alloh. 


Nun Gusti nu Agung mugi abdi dipaparin kaistiqomahan dina ngajalankeun sagala parentah Anjeun... 

                                   
 
Nun gusti, upami musibah ieu pangsaéna kanggo abdi, paparin abdi kaihlasan, kakiatan kanggo mayunanna. 


Nun Gusti Pangeran abdi anu Maha Agung. Teu aya deui tempat pikeun abdi sadaya nyalindung. Nanging ka Gusti abdi sadaya nyuhunkeun pitulung. 


Duh Gusti abdi sadaya,mugi anjeun maparin abdi kasaéan di dunya oge di ahérat,sareng mugi Gusti ngraksa abdi sdaya tina siksa seuneu naraka. 


Ka Anjeun abdi sujud, snes bade nyhungkeun atnapi bde ngrasula,mung skadar ngcap sukur knggo sgla karunia nu atos katampi.Htur nuhun Gusti…


 Hatur nuhun Gusti nu tos seueur maparin kurnia dina hirup abdi. Namung, hapunten abdi sok sering ngarasula... 


Hatur nuhun Gusti, abdi tos dipaparin kasehatan sareng kanikmatan dina dinten ieu, mugi Anjeun salawasna nangtayungan abdi. 


Gusti, hatur nuhun Anjeun parantos maparin abdi cocobi, kukituna abdi janten kiat mayunan masalah sareng kasusah abdi…


Gusti, paparin abdi kawani, kakiatan, kasabaran sareng kaihlasan kanggo mayunan sesahna kahirupan ieu.


Nun Gusti, mugi digampilkeun sadaya urusan abdi nu teu acan réngsé, amanah nu teu acan dicumponan sareng jangji nu teu acan ditedunan.


Nun Gusti, mugi abdi dipaparin kakiatan dina ngajagi napsu abdi …


1 komentar: