Inti tina sadaya urang ngabdi ka Gusti Alloh Swt, nu Maha Suci, teu aya
sanés iwal milari “katakwaan” ka Mantena. Sok sanos dina jaman kiwari,
seueur gogoda nu sakitu ageungna, tapi tetep milampah takwa ulah
kagoda. Takwa kudu nerap dina diri urang salawasna. Cek paribasa, henteu
unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, ngalampahkeun takwa mah teu
pédah jaman robah. Sabab, dikukumaha ogé, da éta tujuan urang hirup di
dunya.
Tampilkan postingan dengan label dakwah. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label dakwah. Tampilkan semua postingan
Kamis, 30 Januari 2014
Rabu, 29 Januari 2014
Hadé Sangka Kana Aturan Alloh Ta’ala
AL-HAMDULILLAH sagala puji sareng syukur urang sanggakeun ka Alloh
Robbun Ghofur. Urang parantos dipaparin kani’matan hirup dugika urang
tiasa nyumponan sawaréh tina kawajiban urang ka Alloh, sabab henteu
saban jalma anu dipaparin kaséhatan awak bisa ngaléngkahkeun sukuna ka
masjid.
Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun ka junjunan urang
Nabi Muhammad SAW, kulawargana, para sahabatna katut jalma-jalma anu
nuturkeun sunnahna dugika ahir jaman.
Senin, 27 Januari 2014
Mugia Janten Lenyepaneun
Kahirupan di alam dunya mun seug ku urang dititenan bari ditafakuran,
estu henteu sepi tina dua kamungkinan nu bakal karandapan, nyaeta
kabungah reujeung kasusah. Dua hal ieu teh bakal gilir gumenti ka tiap
manusa nu hirup kumelendang di alam dunya dina ngarandapannana.
Mun seug aya diantara jalma, teu nutup kamungkinan urang sorangan, boga anggapan yen hirup teh bagja salilana, bungah salawasna, atawa sabalikna, hirup teh susah salawasna, sangsara salilana. Ieu anggapan atawa ieu pamadegan teh kacida salahna.
Mun seug aya diantara jalma, teu nutup kamungkinan urang sorangan, boga anggapan yen hirup teh bagja salilana, bungah salawasna, atawa sabalikna, hirup teh susah salawasna, sangsara salilana. Ieu anggapan atawa ieu pamadegan teh kacida salahna.
Selasa, 21 Januari 2014
Nyingkahan Godaan Sétan
Najan jero bulan Romadon sétan katut kulawedetna dicangcang
sapageuh-pageuhna rupa-rupa kamasiatan kawas taya sudana. Upamana warung
nasi, rumah makan jeung réstoran angger réa nu muka usahana ti
isuk-isuk. Tempat-tempat hiburan loba nu teu nolih kana aturan agama
sarta darigama. Tempat-tempat nu nyéwakeun kaulinan saperti ‘play station’, ‘games online’, jeung sajabana teu saeutik nu ngahaja dibuka ti wayah duha. Atuh puguh baé keur nu kurang iman mah aya cukang komo meuntas.
Langganan:
Postingan (Atom)



