Jumat, 10 Mei 2013

Teu Bisa Ngangles


Di hiji kota aya hiji sodagar jenenganana bapa Hamim, éta Pa Hamim sanés baé beunghar ku harta tapi ogé beunghar ku basa. Tatanggana ampir sadayana hormat ka anjeunna, margi anjeunna ogé teu weléh saé ka saha baé, teu ka nu beunghar teu ka nu miskin, disamikeun tara diwilah-wilah.

Diantawisna tatanggina aya hiji wakil direktur pausahaan anu kasohor ageungna ari jenenganana Pa Bahrum.
Antawis Pa Hamim sareng Pa Bahrum tiasa ogé upami disebat sosobatan margi sering sok katingal éta dua kulawarga téh silaturahmi, tur silihanjangan.

Hiji waktos Pa Hamim di lemburna kéngéng karerepet, anu dupi Pa Hamim kedah mulang heula ka lemburna.
Nya Pa Hamim pamit heula ka Pa Buhrum sobatna téa.

Bari pamit Pa Hamim ngawiatkeun kotak perhiasan anu eusina emas berlian ka Pa Bahrum. Pok Pa Hamim nyarios: “Pa Bahrum abdi téh badé ka lembur margi aya karerepet, ku kituna sajabi nyuhunkeun piduana sangkan abdi salamet tiasa uih deui, abdi badé ngarérépot, ieu badé ngawiat kotak perhiasan, margi pami disimpen di bumi sieun aya tamu anu teu diondang, heg baé ieu kotak perhiasan téh dicandak.
Pa Bahrum ngawaler: “Eh! Ari Pa Hamim percanten mah ka kuring mangga téh teuing keun urang simpen di nu buni malar taya nu uninga, atuh wilujeng angkat ku kuring diduakeun sing salalamet.”
Atuh tos kitu mah Pa Hamim pamit baé, bral baé Pa Hamim sakulawarga miang ngajugjug ka lemburna.
Heuleut tilu poé ti harita Pa Hamim sakulawarga tos mulang deui, teu talangké Pa Hamim gura-giru nepangan Pa Bahrum bari sakantenan ngintun oléh-oléh.
Pok Pa Hamim nyarios “Pa Bahrum atuh hatur nuhun nya kana piduana, alhamdulillah karerepet di lembur atos tuntas, atuh ieu mah oleh-oleh henteu ari saé mah hatur lumayan, ogé sim kuring bade ngabantun kotak perhiasan téa, aduh hapunten nya kumawantun.”
Pa Bahrum ngawaler, pokna téh: “Euh! Alhamdulillah Pa Hamim tos marulih deui bari salamet, hatur nuhun kana oléh-oléhna, namung kuring rada hélok naha barang naon anu diwiatkeun ka kuring téh, da rarasaan mah teu kungsi diwiatan naon-naon.”
Gebeg téh Pa Hamim reuwas, tapi pok nyarios deui, “Éta Pa kotak perhiasan téa, piraku hilap ah! Pan nembé ogé tilu dintenan.”“Nu bener asa teu narima kuring mah,” Pa Bahrum ngawalerna bari rasa nyeuneu.
Pa Hamim ray beureum ray pias anu tadina mah nyangka Pa Bahrum heureuy, ari pék geuning bet saenyana.
Tapi dasar Pa Hamim mah jalma sabar kalakah pupuntenan bilih lepat ngawitkeun cenah.
Tos kitu mah koloyong baé Pa Hamim mulang bari rada ngalamun teu sangka geuning Pa Bahrum téh kitu tabéatna.
Pa Hamim mikir kudu kumaha saéna malah caina hérang laukna beunang.
Gerentesna lamun dilaporkeun ka pulisi can tangtu masalahna tuntas malah tangtu jadi goréng jeung Pa Bahrum ogé tangtu bakal nyaho, ari kudu kasaha nya kuring minang saraya? Teu sabaraha lila belenyeh pa Hamim seuri, lantaran jalan keur masalah éta ku Alloh tos dipasihan. Harita kénéh gidis Pa Hamim ka padamelan Pa Bahrum seja nepangan dununganana Pa Bahrum, kalawan teu hésé harita Pa Hamim tos papayun-payun sareng bapa direktur kacida daréhdéhna tur soméah atuh derekdek baé Pa Hamim ngadongéngkeun lalakon ka bapa direktur.
Bapa direktur unggut-unggutan tawis ngartos kana cariosan Pa Hamim bari pok nyarios oh! Kitu Insya Alloh Pa Hamim ku bapa badé dilereskeun.
Tos kitu mah Pa Hamim pamit bari teu hilap nganuhunkeun ogé nyuhunkeun dihapunten kana kumawantunna, nyuhunkeun tulung ka bapa direktur. Ari bapa direktur samulihna Pa Hamim enggal nyaur Pa Bahrum supados karuanganana.
Barang Pa Bahrum tos aya payuneunana pok pa direktur nyarios: “Pa Bahrum cing sayogikeun keretas sareng pulpena! Mangga, tembal pa Bahrum. Pék ku anjeun tulis kieu basana: “Mamah kotak perhiasan téh bikeun ka nu mawa ieu surat lantaran rahasia ieu tos kabongkar,” Pa Bahrum molohok teu bisa majar kumaha, nyakitu deui bojona di bumi barang nampi éta serat golosor baé éta kotak perhiasan téh dipasihkeun ka nu nyandak serat. Atuh éta kotak perhiasan téh disanggakeun ka bapa direktur ka nu nyanggakeun serat, atuh teu lami bapa direktur manggih Pa Hamim supados nampi éta kotak perhiasan, ari Pa Bahrum ti semet harita ku bapa direktur diturunkeun jabatanana bari dialihkeun ka tempat nu tebih.
Tah kitu kasép dongéng mamah téh, pék ku hidep lenyepan deui anu saéna ku hidep kedah dipulungan ari anu awonna mah kedah dipiceun.*** (Helins)

sumber : majalah Mangle







Tidak ada komentar:

Posting Komentar